Hatur nuhun bah Willy, janten emut ulah sunda ulah naon atuh..... eta pan alat peringatan tsunami nu di Pangandaran geuning pareum/paeh da teu aya nu ngartieun petunjukna ku basa Jerman...
baktos, tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, October 29, 2010 10:49:36 Subject: [kisunda] Lessons for Sundanese Re: Kumaha pami kieu?? > Tirta widjaja <tirt...@...> wrote: > Janten naon atuh pelajaran, hikmah kajadian Merapi & mbah Marijan > keur urang sunda? Aya niley2 nu relevan keur urang sunda? Atanapi > aya kitu niley2 urang sunda nu perlu direnungkeun deui ku ayana > kajadian eta? Nu jelas di Tatar Sunda, loba gunung api nu leuwih bahaya tibatan gunung merapi. Ngan kabeneran ayeuna mah keur "sarare", tapi hiji waktu mah pasti aya nu hudang. Tah nu diharepkeun teh, di urang Sunda ulah aya tokoh masyarakat nu bedegong siga Mbah Maridjan, teu percaya kana "sistem peringatan dini" nu geus dijieun hese cape. Urang Sunda kudu rasional, bancang pakewuh teu bisa dihalangan, ngan aya nu bisa dilakukeun, kumaha carana ulah keuna ku bancang pakewuh. Salah sahijina nurut kana "sistem peringatan dini" supaya gancangan ngahindar .... Baktos, WALUYA
