saur abdi mah palajaran kangge urang Sunda aya dua, perkawis anu praktis sareng 
konseptual. Anu praktisna kedah nyingkah samemeh gunung bucat, janten teu 
janten 
na mah urusan engke nu penting jiwa urang salamet heula. atuh anu pakuat-pakait 
sareng kasundaan, sapuk yen urang kedah rasional, mayunkeun akal pikiran 
tibatan 
ngandelkeun ilapat atanapi naluri nu matak mengpar. Apan cenah kedah asak-asak 
nya ngejo tea, bilih bapa satar buleneng, :D

Deni




________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 29, 2010 13:49:36
Subject: [kisunda] Lessons for Sundanese Re: Kumaha pami kieu??

  
> Tirta widjaja <tirt...@...> wrote:
> Janten naon atuh pelajaran, hikmah kajadian Merapi & mbah Marijan 
> keur urang  sunda? Aya niley2 nu relevan keur urang sunda? Atanapi 
> aya kitu niley2 urang  sunda nu perlu direnungkeun deui ku ayana 
> kajadian eta?

Nu jelas di Tatar Sunda, loba gunung api nu leuwih bahaya tibatan gunung 
merapi. 
Ngan kabeneran ayeuna mah keur "sarare", tapi hiji waktu mah pasti aya nu 
hudang. Tah nu diharepkeun teh, di urang Sunda ulah aya tokoh masyarakat nu 
bedegong siga Mbah Maridjan, teu percaya kana "sistem peringatan dini" nu geus 
dijieun hese cape. Urang Sunda kudu rasional, bancang pakewuh teu bisa 
dihalangan, ngan aya nu bisa dilakukeun, kumaha carana ulah keuna ku bancang 
pakewuh. Salah sahijina nurut kana "sistem peringatan dini" supaya gancangan 
ngahindar ....

Baktos,
WALUYA


 

Kirim email ke