2010/11/2 Dudi Herlianto <[email protected]> > > > urang papangintenan deui, masih nganggo conto 'agul ku payung butut' nu > hartosna reueus ku barang meunang nginjem. naha kuring wani nyebut kalimah > eta teh bebas niley, teu alus teu goreng? padahal keur kalolobaan urang, > 'agul ku payung butut' teh geus pasti goreng? > 'agul ku payung butut' mah ceuk urang garut, mun teu salah cenah 'agul ku kabodoan sorangan".
ari 'reueus ku barang meunang nginjeum' cenah 'adean ku kuda hejo, eh beureum" > > memang keur tukang mapatahan jaman kapungkur mah, agul ku payung butut teh > geus pasti goreng kacida. malah jigana geus teu diasupkeun deui kana bab nu > kudu dipapatahkeun. maranehna geus nganggap kabeh jalma sunda kudu apal yen > reueus ku barang meunang nginjeum teh goreng! > > ngan upama ningali jaman kiwari, mun urang nitenan papan iklan, tipi, > internet, oge tukang nanawarkeun geus loba nu mere papatah sangkan > geura-geura 'agul ku payung butut'. janten ceuk nu mere papatah eta, 'agul > ku payung butut' teh geus jadi hiji hal nu teu goreng. malah geus rea nu > dipapatahan ngilu kana niley anyar ieu. seueur diantara urang nu > ngebreng-ngebreng dompet, siga nu cocorowokan, yeuh aing boga payung butut. > malah kaagulna geus ngaleuwihan kaagul boga payung alus. > > saha tah nu mere niley anyar kana babasan sunda nu adiluhung eta? kartu > kredit!!! haha... > > 2010/11/2 Dudi Herlianto <[email protected]> > >> saur abdi ti payun, babasan/paribasa bisa janten papatah. misalkeun 'agul >> ku payung butut' ieu sanes papatah, da teu jelas naha eta teh kanggo >> dilaksanakeun atawa ditinggalkeun. benten upama tos ditambijan tong >> dipayuneuna janten 'tong agul ku payung butut'. babasan eta nu mimitina mah >> teu jelas nileyna, sangges ditambahan tong jadi boga niley goreng. sangkan >> dijarauhan urang sunda. >> >> panginten ieu mah. punten upama janten ngagasruk manah salira nun. :) >> >> 2010/11/2 Ii Sumirat <[email protected]> >> >>> >>> >>> Janten kang dudi pami kitu mah anu ku sikuring tadi dialungkeun beda >>> contona sareng anu dicontokeun kang dudi tadi ?.. >>> >>> Janten conto filsafat sunda kumaha ? >>> >>> Caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, nu kieu sanes. >>> >>> >>> >>> >>> >>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On >>> Behalf Of *Dudi Herlianto >>> *Sent:* Tuesday, November 02, 2010 12:11 PM >>> >>> *To:* [email protected] >>> *Subject:* Re: [kisunda] Renungan >>> >>> >>> >>> >>> >>> ieu mah papangintenan, da sanes manukna. papatah tiasa disebat bagean >>> tina filsapat. bagean tina etika, filsafat moral tea. tah salajengna bagean >>> mang jamal jigana, anjeunna mah tiasa medar langkung teleb. >>> >>> >>> >>> dudi >>> >>> Pada 2 November 2010 11.55, Ii Sumirat <[email protected]> >>> menulis: >>> >>> >>> >>> Kang dudi pami anu kieu disebatna filsafat atawa babasan (peribahasa), >>> atanapi sami eta keneh? >>> >>> __ >>> >> >> >> >> -- >> d-: dudi herlianto :-q >> paciringan.wordpress.com >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> >> > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >
