urang papangintenan deui, masih nganggo conto 'agul ku payung butut' nu hartosna reueus ku barang meunang nginjem. naha kuring wani nyebut kalimah eta teh bebas niley, teu alus teu goreng? padahal keur kalolobaan urang, 'agul ku payung butut' teh geus pasti goreng?
memang keur tukang mapatahan jaman kapungkur mah, agul ku payung butut teh geus pasti goreng kacida. malah jigana geus teu diasupkeun deui kana bab nu kudu dipapatahkeun. maranehna geus nganggap kabeh jalma sunda kudu apal yen reueus ku barang meunang nginjeum teh goreng! ngan upama ningali jaman kiwari, mun urang nitenan papan iklan, tipi, internet, oge tukang nanawarkeun geus loba nu mere papatah sangkan geura-geura 'agul ku payung butut'. janten ceuk nu mere papatah eta, 'agul ku payung butut' teh geus jadi hiji hal nu teu goreng. malah geus rea nu dipapatahan ngilu kana niley anyar ieu. seueur diantara urang nu ngebreng-ngebreng dompet, siga nu cocorowokan, yeuh aing boga payung butut. malah kaagulna geus ngaleuwihan kaagul boga payung alus. saha tah nu mere niley anyar kana babasan sunda nu adiluhung eta? kartu kredit!!! haha... 2010/11/2 Dudi Herlianto <[email protected]> > saur abdi ti payun, babasan/paribasa bisa janten papatah. misalkeun 'agul > ku payung butut' ieu sanes papatah, da teu jelas naha eta teh kanggo > dilaksanakeun atawa ditinggalkeun. benten upama tos ditambijan tong > dipayuneuna janten 'tong agul ku payung butut'. babasan eta nu mimitina mah > teu jelas nileyna, sangges ditambahan tong jadi boga niley goreng. sangkan > dijarauhan urang sunda. > > panginten ieu mah. punten upama janten ngagasruk manah salira nun. :) > > 2010/11/2 Ii Sumirat <[email protected]> > >> >> >> Janten kang dudi pami kitu mah anu ku sikuring tadi dialungkeun beda >> contona sareng anu dicontokeun kang dudi tadi ?.. >> >> Janten conto filsafat sunda kumaha ? >> >> Caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, nu kieu sanes. >> >> >> >> >> >> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On >> Behalf Of *Dudi Herlianto >> *Sent:* Tuesday, November 02, 2010 12:11 PM >> >> *To:* [email protected] >> *Subject:* Re: [kisunda] Renungan >> >> >> >> >> >> ieu mah papangintenan, da sanes manukna. papatah tiasa disebat bagean tina >> filsapat. bagean tina etika, filsafat moral tea. tah salajengna bagean mang >> jamal jigana, anjeunna mah tiasa medar langkung teleb. >> >> >> >> dudi >> >> Pada 2 November 2010 11.55, Ii Sumirat <[email protected]> >> menulis: >> >> >> >> Kang dudi pami anu kieu disebatna filsafat atawa babasan (peribahasa), >> atanapi sami eta keneh? >> >> __ >> > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
