beja salakanagara teh mun teu salah inget, cenah, ukur kacatet dina naskah
wangsakerta. aya dua kubu sajarahwan mandang ka ieu naskah. kubu kahiji
mandang nu kaunggeul dina eta naskah teh geus bisa disebut bukti sajarah,
kubu nu kadua mah mandang can bisa naon nu kaunggel dina eta naskah disebut
bukti sajarah. naon sababna? tiasa kokoreh tina gugel.

mang yani (rahmat rawyani, nu damel di ui) kantos nyerat di ieu milis,
benerkeun kuring mun salah, mang ayat (ayatrohaedi-arkeolog ui, saderek bah
ajip rosidi) samemeh pupus kantos sasauran, 'sing atos-atos dina ningali
naskah wangsakerta', cenah. padahal mang ayat, bareng jeung mang atja jeung
mang edi s ekajati teh nu samiuk nganggap naskah wangsakerta salaku bukti
sajarah.

kang, jeungna deui mun masih hareeng ningali sajarah sunda mah eta teh
tandana akang normal. janten kedah bungah bungangang heuheu....

Pada 16 November 2010 10.28, setiadi_rs <[email protected]> menulis:

>
>
> Samprasun baraya,
> Kuring lain tukang sajarah, sumawona ahli mah, ukur mulungan, nutur-nutur
> dongeng batur. Geuning eta ahli sajarah masih keneh boga kasimpulan (no 8):
> Tarumanagara kerajaan tertua di Jawa Barat (Sunda)? Sanes Aki Tirem Sang Aki
> Luhur Mulya anu diteraskeun janten Salakanagara Dewawarman di babakan Banten
> anu langkung tua teh? Kumaha tah Baraya, Akang, Teteh, Kang Oca, Kang Oman,
> Ambu....???? Abdi janten hareeeeeeng yeuh!
>
> Baktos,
> Setiadi
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, ahmad sahidin
> <aa...@...> wrote:
> >
> >
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke