2010/11/29 Akang Tajimalela <[email protected]>

>
>
>
> Sugan tiasa janten inspirasi kanggo wargi milis...
>
> Kantos maca perkawis Nabi Nuh tina buku sakola dasar, disebatkeun Nabi
> Nuh/Noah (Big Boat, bahasa Israel kuno,) ngadamel kapal cai anu ageung
> diluhur gunung, dugikeun anjeunan disebatkeun teu waras ku masyarakatna.
> Sateuacan banjir gede,disebatkeun dina carita di mimitian ku hujan gede
> jeung guludug teu eureun2, Nabi sareng pengikutna berbondong-bondong naek ke
> kapal termasuk sato2 anu liar kalebet anu piaraan, tidak termasuk kaum
> pembangkang nu malahan ngolok2 Nabi Noah (Big Boat) sareng umatna
>
> Aya anu "menarik" keur ditaliti ku urang2 (anu logis), sato2 tiasa naek
> kapal nyalira tanpa ada yang meng"komando" atau memberi perintah dina
> kaayaan hujan gede jeung guludug teu eureun2.Mun ningali kajadian kiwari
> basa keur tsunami gede di Aceh,aya beja ti koran leuwih saeutik sato anu
> paeh tibatan jelema anu maot.Sabaraha jam/menit sateuacan kajadian, ceuk
> beja kaayan jiga anu "sepi" tina sato2. Janten jelas upami sato2 kenging
> "indra" anu langkung seukeut tibatan manusia, Indra2 ieu tiasa dimanfaat
> keun kanggo kamanusiaan.Ngan hanjakal jarang dimanfaat keun kuurang-urang
> ayeuna komo ditaliti mah.Salah sahiji cara supados urang tiasa manfaatkeun
> Indra2 sato ieu, urang teh diparentahkeun "deukeut" jeung sato2 anu
> ngabogaan Indra2 eta.
>
>
ngeunaan sato boga rasa, boga indra, atawa cohagna mah bisa nikir, uing boga
dua dongeng nu kaalaman ku sorangan:

dongeng ka-hiji: ari pagawean uing keur budak teh, teu beda jeung pagawean
kangjeng nabi tea, hehehe, nyaeta tukang
ngangon domba. caritana uing boga inguan domba, lumayan pinuh sakandang.
unggal poe mun usum halodo, tiap balik
sakola teh tugas utama uing ngencarkeun domba, digiring, ngadon diangon ka
tegalan nepi ka ampir magrib. ngan orokaya,
lamun geus sore ngaharib-harib ka asar, pagawean ngangon teh sok kabengbat
ku ngadengekeun dongeng mang jaya,
lalakon si buntung jago tutugan. tah sakadang domba nu keur anteng ngeremus
jukut teh ku uing sok dibuburak, sina mulang.
kulantaran balad dombana loba keneh nu can diampihkeun, nya sok hararese
digiringkeunana. nya kapaksa, pecut jawabna.

tah tetela lila-lila domba teh jiga nu ngarti, mun ninggali rentang-rentang
uing di kajauhan ngadeukeutan maranehna, ceulina
rancung ngarebingan, panonna gular-giler ka sisi ka gigir, terus malibir
ngajauhan uing.

dina kasus di luhur katangen yen sato hewan ge bisa mikir ngaliwatan naon nu
kaalaman ku manehna salila hirup. nu matak
teu aneh mun aya bencana alam, sok kabejakeun sato hewan liar, geus leuwih
awal turun gunung. tapi teu kabeh sabenerna mah
sato inguan mah, jigana instingna geus ngurangan. geuning kasus merapi ge,
ngaleuya sapi jengker.

dongeng kaduana ke disambung mun pareng.
-mh-



>
> Diantara 124.000 nabi-nabi hampir 90 persen na adalah peternak, 100
> persenna "Menak" (tukang bura-bere).Basa keur Rasullullah nyebarkeun agama,
> salian ti rombongan jelema, anjeuna oge nyandak sato, domba jeung onta.
> Manfaat Onta jeung Domba didieu pikeun alat "navigasi" kanggo milarian
> daerah cai, lantaran domba jeung onta gaduh Indra (insting) kanggo milarian
> cai, manfaat nu sanesna keur berlindung ti badai pasir anu janten sering
> kajadian, jelema tiasa nagog keur nyumput diantara sato2.Mun aya badai
> domba2 merapatkan barisan jeung sesama domba. Mataksaha nu ngarampok sato2
> eta kenging hukuman nu leuwih berat tibatan nyolong harta nu sanes dina
> aturan hukumna di padang pasir.
>
> Kulantaran "Menak" (tukang bura-bere) mun kanjeng Rasul mendakan kulawargi
> nu gaduh murangkalih, kulawargi eta sok dititipan sato, utamina anak domba,
> maksudna keur kaulinan budakna, ameh deukeut jeung sato, ngalatih insting
> budak sareng kahirupan kulawargi eta (tiasa ternak jeung nginum susuna).
> "Engke mun ngeus gede ieu budak, domba ieu urang peuncit...mun anakan,
> anakna jeung maneh" ceuk rasul Indungna domba urang peuncit...tah ieu nu
> nepikeun kiwari disebut "Ekah".
>
> "Ekah" atau kurban dalam konteks sosial mah "kurban", ber-kurban keur
> kahirupan orang lain, keur kamanusiaan, janten bentukna kurban tiasa
> "kurban" tanaga, pikiran, jeung harta, tidak mesti di  di"potong" atau jadi
> bagi-bagi daging jiga ayeuna, nu kitu mah "doktrin" tukang
> dagang...."Supados ditarima ku Gusti Pangeran sapina kudu anu 50 juta, nu
> sakitu mah langsung surga, lantaran gagah"...hahahah...bisaan wae tukang
> dagang mah.
>
> Janten naon dilakukeun ku para nabi diantarana Muhammad, aya unsur ke "arif
> lokal" misalna kudu deukeut jeung sato,keur alat navigasi, unsur sosialnya
> menaikan kehidupan batur, dimodalan usaha sareng tiasa tuang susu keur
> kesehatan, unsur agamana nya ke iklasannya membantu orang.Solusi sederhana,
> simpel namun jitu dilakukeun ku Muhammad.
>
> Tos heula, mugia kaharti (logis meuereun) sareng hapunteun kanggo bahasana,
> biasa pabaliut. Nu kieu mah saukur panambah pangaweruh urang, khususi milis,
> moal aya dina buku atanapi sakola mana wae...matak tok diperdebatkeun jeung
> batur,urang Israel, Ulama, komo tukang dagang mah...sok galak....haha
>
> TM
>
>
>  
>

Kirim email ke