Nah, tos teu aya masalah pan ? Point na abdi leres2 teu percanten sumberna 
manusa ti sunda, sumber budaya ti sunda jsb nu maksakeun aya hubungana sareng 
sunda. Ari saur abdi mah suku sunda teh suku anu anyar bijil, basa na oge anyar 
da asalna mah sami jeung basa jawa, hiji rumpun. Jadi sanes sumber sagala 
bangsa.

Soal saring menyaring informasi aya dua bagean, aya elmu non agama, sareng elmu 
agama (na islam qur'an sareng hadis), nu diluar agama kedah aya saringan (saur 
akang) nu soal agama eta saringana tina awal urang nentukeun milih agama, alias 
mun tos milih islam nya kudu neureuy buled2 info tina qur'an, kecuali hadis aya 
kriteriana.

Abdi sering nguping yen aya sabagean jalmi nu mempelajari qur'an sareng hadis 
teh sanes ku sabab iman atau tertarik kna islam. Tapi jalmi2 ieu mempelajari 
qur'an sareng hadis kanggo nyerang islam. Nah nu sering kakuping ti statement 
akang saparakanca teh katampina ku abdi eta, nganggo conto2 tina dalil islam 
kanggo nyerang islam. Eta ku abdi dianggap SARA saleresna, ngan nu abdi teu 
ngartos para moderator kalem we pami aya statement kitu teh, benten mun aya nu 
nyerang sunda wiwitan, para moderator tibuburanjat nyerang balik.

Janten abdi mah nyarankeun ka nu non islam tapi kantos mempelajari islam, hayu 
urang diskusi tapi ulah dalil2 dianggo jang senjata nyerang islam, eta lebetna 
pelecehan agama. Tiasa dipermasalahkeun, wios linggihna sanes di indonesia oge, 
jalmi2 islam aya di sakuiah dunya.

Hayu urang diskusi bari teu nyerang dalil. Da ari firman Allah swt sareng dawuh 
rosul mah sanes kanggo heureuy.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: engkus ruswana <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sun, 12 Dec 2010 09:40:53 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

He...he... simkuring ge ngahargaan ka nu beda kapercayaan, da memang kitu 
alamiah jeung kersana nu Maha Kawasa eta perbedaan teh..., pon kitu deui urang 
ulah neureuy buleud-buleud naon bae nu ngaran teori, sok sanaos datangna timana 
oge..... tah kaasup tina kitab suci naon bae ...tetep kudu disaring ku akal, 
diudag ku pangarti, dirampa ku rasa, disasar ku pancaindra,...sabab eta 
pangawasa nu aya dina diri urang sakuringna-sakuringna estu pangersa Gusti keur 
parabot manusa pikeun ngumbara di dunya. Sedengkeun sakanyaho simkuring dina 
perkara dalil-dalil kaagamaan teh , pinuh ku sindir-sampir jeung siloka, matak 
silo mun teu kabuka....jadi dimana aya nu teu kaharti nya kade ulah waka 
diteureuy buleud....

Soal kapentingan boh teori-teori perorangan oge kitab-kitab kaagamaan, jeung 
dongeng atawa legenda eta kabeh tangtu aya kapentingan sewang-sewangan. Sola 
teori Santos, sami simkuring ge can percaya pinuh kana teori Santos teh...ngan 
asa rada-rada kaharti. kitu nun.

pun.
ER

--- Pada Ming, 12/12/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
Kepada: [email protected]
Tanggal: Minggu, 12 Desember, 2010, 5:18 AM







 



  


    
      
      
      












Leres kang, abdi malah teu percanten kana teori santos, namina oge teori, nembe 
dugaan, persis we jiga teori darwin. Ngan bentenna teori dikaluarkeun ku 
elmuwan2 nu cobi dikemas ku kedok kaelmuan, padahal saur abdi mah teori2 eta 
pasti pinuh ku kapantinga nu ngaluarkeun teori. Nu namina teori, saha wae nu 
ngaluarkeun sareng can aya buktos anu akurat nya urang sebut 'mahiwal' we.

Satiap teori aya penganutna, aya nu kontrana, ngan upami hiji teori nu ku urang 
dipercaya dina kanyataana aya nu benten, nya wayahna kudu ngahargaan ka batur. 

Abdi sapertos kang firman, kumargi abdi terangna carita nabi nuh teh tina 
qur'an, nya abdi percanten eta kajadian kajantenana di dunia timur tengah, 
sanes di sunda, tingali we nami2 pelakuna nu kacaritakeun dina kisah eta.

Benten deui pami carita nabi NUH nu ngaluarkeun jaya baya, siliwangi, 
ariawangsa jsb. Atawa aya dina kitab2 nu dikaluarkeun ku urang sunda. Jaung 
ngranna oge moal NUH, sapi misalna ceuk kang ilen mah SUADMA. Janten caritana 
KISAH BANJIR BESAR SUADMA, kitu paling oge.

Kasimpulana ulah dipaksakeun teuing lah kajadian eta aya di sunda, ulah 
dipaksakeun oge atlantis teh sunda jsb. Tarimakeun we yen sunda teu aya peran 
nanaon nepika ayeuna, bujeng2 kana kajadian global, ukur kana kajadian lokal ge 
pan tos katingali.

Abdi sanes anti sunda, ngan abdi urang sunda anu coba mikir realistis, coba 
leupas tina kabiasaan masyarakat sunda, komunikasi sunda anu dina dongeng2na 
katingali lain matak sunda alus katingali ku bangsa batur, sunda jadi katingali 
sakumpulan bangsa anu resep ngumpul bari ngahayal. Abdi embung hayoh wae 
dinilai kitu ku bangsa deungeun.Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  Firman 
Syafei <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Sun, 12 Dec 2010 00:59:54 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Re: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

 



    
      
      
      pendapat saya mah, can tangto Prof santos bener. sabab kajadian banjir 
ageung kabilang sering sapanjang sajarah dunya. iyeu planet dunya teh tos 
ngalaman babaraha kali kajadian banjir jeung jaman es. bisa jadi nabi nuh 
ngalaman banjir ageung tapi sanes anu kajadian di taneuh sunda

--- On Sat, 12/11/10, engkus ruswana <[email protected]> wrote:

From: engkus ruswana <[email protected]>
Subject: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
To: [email protected]
Date: Saturday, December 11, 2010, 11:56 AM







 



    
      
      
      Kapal gede tina kai, dijieun di luhur Gunung, terus memeh banjir aya 
hujan dordar gelap, sakabeh sasatoan asup ka parahu Nabi Nuh........ jadi nilik 
dina katerangan ieu, Nabi Nuh teh urang mana atuh..... jeung kajadianana dimana 
kira-kira nya...... da ari ceuk Prof Santos mah, carita model kieu teh 
disimpulkeun di wewengkon [paparan sunda (sunda land), kajadian es mencair 
akibat Gunung Krakatau bitu, atawa mungkin leuwih kolot deui waktu kajadian 
Gunung Toba Bitu....... 

--- Pada Sen, 29/11/10, Jalak Pakuan <[email protected]> menulis:

Dari: Jalak Pakuan <[email protected]>
Judul: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 29 November, 2010, 9:27
 AM







 



    
      
      
      
Dina kasus merapi pasukan terakhir nu nangtukeun cenah heulang, enya bae 
sanggeus rombongan heulang haliber ninggalkeun, Merapi ngajelegur. 
 
 
 



Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 28 November, 2010 17:53:51
Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

  




2010/11/29 Akang Tajimalela <[email protected]>


  




































Sugan tiasa janten inspirasi kanggo wargi milis...


Kantos maca perkawis Nabi Nuh tina buku sakola dasar, disebatkeun Nabi Nuh/Noah 
(Big Boat, bahasa Israel kuno,) ngadamel kapal cai anu ageung diluhur gunung, 
dugikeun anjeunan disebatkeun teu waras ku masyarakatna. Sateuacan banjir 
gede,disebatkeun dina carita di mimitian ku hujan gede jeung guludug teu 
eureun2, Nabi sareng pengikutna berbondong-bondong naek ke kapal termasuk sato2 
anu liar kalebet anu piaraan, tidak termasuk kaum pembangkang nu malahan 
ngolok2 Nabi Noah (Big Boat) sareng umatna


Aya anu "menarik" keur ditaliti ku urang2 (anu logis), sato2 tiasa naek kapal 
nyalira tanpa ada yang meng"komando" atau memberi perintah dina kaayaan hujan 
gede jeung guludug teu eureun2.Mun ningali kajadian kiwari basa keur tsunami 
gede di Aceh,aya beja ti koran leuwih saeutik sato anu paeh tibatan jelema anu 
maot.Sabaraha jam/menit sateuacan kajadian, ceuk beja kaayan jiga anu "sepi" 
tina sato2. Janten jelas upami sato2 kenging "indra" anu langkung seukeut 
tibatan manusia, Indra2 ieu tiasa dimanfaat keun kanggo kamanusiaan.Ngan 
hanjakal jarang dimanfaat keun kuurang-urang ayeuna komo ditaliti mah.Salah 
sahiji cara supados urang tiasa manfaatkeun Indra2 sato ieu, urang teh 
diparentahkeun "deukeut" jeung sato2 anu ngabogaan Indra2
 eta.

ngeunaan sato boga rasa, boga indra, atawa cohagna mah bisa nikir, uing boga 
dua dongeng nu kaalaman ku sorangan:

dongeng ka-hiji: ari pagawean uing keur budak teh, teu beda jeung pagawean 
kangjeng nabi tea, hehehe, nyaeta tukang
ngangon domba. caritana uing boga inguan domba, lumayan pinuh sakandang. unggal 
poe mun usum halodo, tiap balik
sakola teh tugas utama uing ngencarkeun domba, digiring, ngadon diangon ka 
tegalan nepi ka ampir magrib. ngan orokaya, 
lamun geus sore ngaharib-harib ka asar, pagawean ngangon teh sok kabengbat ku 
ngadengekeun dongeng mang jaya, 
lalakon si buntung jago tutugan. tah sakadang domba nu keur anteng ngeremus 
jukut teh ku uing sok dibuburak, sina mulang.
kulantaran balad dombana loba keneh nu can diampihkeun, nya sok hararese 
digiringkeunana. nya kapaksa, pecut jawabna.

tah tetela lila-lila domba teh jiga nu ngarti, mun ninggali rentang-rentang 
uing di kajauhan ngadeukeutan maranehna,
 ceulina 
rancung ngarebingan, panonna gular-giler ka sisi ka gigir, terus malibir 
ngajauhan uing. 

dina kasus di luhur katangen yen sato hewan ge bisa mikir ngaliwatan naon nu 
kaalaman ku manehna salila hirup. nu matak
teu aneh mun aya bencana alam, sok kabejakeun sato hewan liar, geus leuwih awal 
turun gunung. tapi teu kabeh sabenerna mah
sato inguan mah, jigana instingna geus ngurangan. geuning kasus merapi ge, 
ngaleuya sapi jengker.

dongeng kaduana ke disambung mun pareng.
-mh-

 






































Diantara 124.000 nabi-nabi hampir 90 persen na adalah peternak, 100 persenna 
"Menak" (tukang bura-bere).Basa keur Rasullullah nyebarkeun agama, salian ti 
rombongan jelema, anjeuna oge nyandak sato, domba jeung onta. Manfaat Onta 
jeung Domba didieu pikeun alat "navigasi" kanggo milarian daerah cai, lantaran 
domba jeung onta gaduh Indra (insting) kanggo milarian cai, manfaat nu sanesna 
keur berlindung ti badai pasir anu janten sering kajadian, jelema tiasa nagog 
keur nyumput diantara sato2.Mun aya badai domba2 merapatkan barisan jeung 
sesama domba. Mataksaha nu ngarampok sato2 eta kenging hukuman nu leuwih berat 
tibatan nyolong harta nu sanes dina aturan hukumna di padang pasir.



Kulantaran "Menak" (tukang bura-bere) mun kanjeng Rasul mendakan kulawargi nu 
gaduh murangkalih, kulawargi eta sok dititipan sato, utamina anak domba, 
maksudna keur kaulinan budakna, ameh deukeut jeung sato, ngalatih insting budak 
sareng kahirupan kulawargi eta (tiasa ternak jeung nginum susuna). "Engke mun 
ngeus gede ieu budak, domba ieu urang peuncit...mun anakan, anakna jeung maneh" 
ceuk rasul Indungna domba urang peuncit...tah ieu nu nepikeun kiwari disebut 
"Ekah". 


"Ekah" atau kurban dalam konteks sosial mah "kurban", ber-kurban keur kahirupan 
orang lain, keur kamanusiaan, janten bentukna kurban tiasa "kurban" tanaga, 
pikiran, jeung harta, tidak mesti di  di"potong" atau jadi bagi-bagi daging 
jiga ayeuna, nu kitu mah "doktrin" tukang dagang...."Supados ditarima ku Gusti 
Pangeran sapina kudu anu 50 juta, nu sakitu mah langsung surga, lantaran 
gagah"...hahahah...bisaan wae tukang dagang mah.


Janten naon dilakukeun ku para nabi diantarana Muhammad, aya unsur ke "arif 
lokal" misalna kudu deukeut jeung sato,keur alat navigasi, unsur sosialnya 
menaikan kehidupan batur, dimodalan usaha sareng tiasa tuang susu keur 
kesehatan, unsur agamana nya ke iklasannya membantu orang.Solusi sederhana, 
simpel namun jitu dilakukeun ku Muhammad.


Tos heula, mugia kaharti (logis meuereun) sareng hapunteun kanggo bahasana, 
biasa pabaliut. Nu kieu mah saukur panambah pangaweruh urang, khususi milis, 
moal aya dina buku atanapi sakola mana wae...matak tok diperdebatkeun jeung 
batur,urang Israel, Ulama, komo tukang dagang mah...sok galak....haha


TM







    
     



 





    
     



 











      

    
     

    










    
     

    
    


 



  






Kirim email ke