Terus terang jadi asa leungiteun pelajaran Kewiraan jaman wa Ato. Leupas tina 
masalah kamiliteran dina dunya pulitik, di Kewiraan diajarkeun geopulitik, 
kumaha posisi bangsa urang disakuliringna, jadi aya rasa persatuan. Ayeuna mah 
urang pahibut ngurus imah sorangan bari tibaralik, nu penting ngan ditoel, nu 
teu penting diulik digegedekeun. Eta dina level nasional,atuh dina level tatar 
sunda/kasundaan urang saena mah urang waspada ulah ngagegedekeun nu teu perlu! 


baktos
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sen, 29 November, 2010 00:37:22
Judul: [kisunda] Re: Kurung Batokeun?

  
> Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote:
> China tidak lagi semata-mata sebagai negara yang maju secara 
> ekonomi, kedua terbesar setelah AS. Sejarah seperti terulang. 
> Kebangkitan ekonomi pernah membuat Jerman dan Jepang menjadi 
> kekuatan militer. Sejarah itu berpihak kepada China dengan 
> kebangkitan ekonomi, yang sekaligus memperlihatkan kebangkitan 
> militer.

Urang Indonesia mah da seueur nu teu sadar, padahal sabenerna aya "naga" keur 
hudang ti beulah kaler. Ayeuna mah meureun kakara "nguliat", duka kapayun mah, 
dalah nguliatna wae geus karasa ka Indoneisia: Dominisasi barang-barang murah, 
proyek-proyek infrastruktur di indonesia ayeuna, rata-rata dimodalanna ti Cina 
jeung oge nu ngalaan Sumber Daya Alam ayeuna di Indonesia rata-rata hasilna rek 
dikirim ka China.

Nu masalah lamun China tambah kuat, boh dina ekonomi jeung militer, aya 
inceranana di beulah kidul, Laut Cina Kidul nu ngandung kandungan minyak 
potensial. Tapi kulantaran laut, wilayah ieu jadi rebutan nagara-nagara 
sakurilingna, kaasup Indonesia. Lamun teu salah mah China geus silih "segag" 
jeung Philiphina/ Vietnam, parebut wilayah laut ieu.

Tah kulantaran kitu nagara-nagara Asia Wetan-kidul (asia tenggara) neangan 
"panyalindungan" da sieun di "legleg naga". Panyalindungan anu kuat, euweuh 
deui, Si Amerika tea. Nu matak teu aneh, Vietnam nu tadina musuh gerot Amerika, 
ayeuna mah malah jadi sobat dalit .....

Baktos,
WALUYA 




Kirim email ke