Nuhun Kang JP
Sim kuring oge asa gararetek ngabandungan pajamanan teh, nu leutik diutak-atik, 
nu gede dipopohokeun. Sok inggis ku pamake standar ganda deuih. Ka batur ulah - 
ari aranjeuna teu ngaraos kitu polah (contona dina KKN). Sok ras emut kana lagu 
country Dale Watson - Justice for All :"DON'T DO AS I DO" diteraskeun "BUT DO 
AS I SAY"

Ki Sunda yakin mibanda integritas nasional, janten moal kajongjonan nguyek di 
dapur sorangan, bari teu tolih kana kaayaan nagara katut bangsa. Kawuwuh bangsa 
 Sunda dina keluarga besar bangsa Indonesia teh, apan kalebet mayoritas.

Punten ka para inohong, sim kuring cologog, nembe lebet langsung mairan...:-)

Wass
Ranggabolenang


  ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 01, 2010 7:05 AM
  Subject: Bls: [kisunda] Re: Kurung Batokeun?


    

  Terus terang jadi asa leungiteun pelajaran Kewiraan jaman wa Ato. Leupas tina 
masalah kamiliteran dina dunya pulitik, di Kewiraan diajarkeun geopulitik, 
kumaha posisi bangsa urang disakuliringna, jadi aya rasa persatuan. Ayeuna mah 
urang pahibut ngurus imah sorangan bari tibaralik, nu penting ngan ditoel, nu 
teu penting diulik digegedekeun. Eta dina level nasional,atuh dina level tatar 
sunda/kasundaan urang saena mah urang waspada ulah ngagegedekeun nu teu perlu! 

  baktos
  JP
   
  Makarya Mawa Raharja



   

Kirim email ke