Amiin ya Robbal alamiin...
________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 7, 2010 7:33:46 Subject: [kisunda] Wilujeng Tepang Taun Kalayan nyebat asma Allah nu Maha Asih, nu Maha Nyaah. Mugi Allah salawasna ngalimpahkeun rohmat sinareng kasalametan ka junjungan Nabi Muhammad SAW, kulawargi sinareng sohabat-sohabatna. Yaa Allah, Anjeun nu Abadi, nu Miheula (qadim), nu Awal, sim kuring gumantung ka anugerah sarta kaberehan Anjeun. Sinareng taun anyar ieu nu bener-bener datang, sim kuring menta lindungan ka Anjeun di taun ieu tina godaan syaitan, sohib-sohibna jeung bala tangtarana. Sim kuring oge nyuhunkeun pitulung ka Anjeun keur ngelehkeun hawa nafsu amarah nu ngajak kana kajahatan, jeung supaya sim kuring pakepuk sibuk ngalakukeun amal kahadean pikeun ngadeukeutkeun diri kuring ka Anjeun, dzat nu ngagaduhan Kaagungan tur Kamulyaan. Mugi Anjeun yaa Allah salawasna ngalimpahkeun rohmat tur kasalametan ka junjungan Nabi Muhammad SAW, nabi nu teu bisa baca tulis (ummi) oge ka wargi tur sohabat-sohabatna. Amin. (ngaduana 3 balikan) Makarya Mawa Raharja
