---------- Forwarded message ----------
From: Waluya <[email protected]>
Date: 2010/12/9
Subject: Re: [Urang Sunda] Jin jeung Jurig-->Re: sajarah siliwangi 1#
To: [email protected]


> From: mh
> tah lalakon burakna lembur jurig jeung jin teh, di lembur uing mah jaman
> aya nalo jeung porkas. ku tukang nalo jeung
> porkas, sabangsaning tempat nu kasebut lembur panyingkuran jin jeung jurig
> diubrak-abrik, unggal jumaah pada ngemitan, > pada menta kode jitu. jigana
> meureun kapok tak jin jeung jurig teh, sasat teu barogaeun kalkulator,
> kalabur sieun ditanya
> kode buntut.

Hahahaha ... piseurieun, jadi weh ngabarakatak sorangan, tepika pada
nempokeun. Bener sigana mah bangsa lelembut loba nu kalabur basa jaman Nalo
jeung SDSB mah, kapokeun kaganggu terus kunu tatapa nomer. Di lembur kuring
oge sarua, loba nu "kaedanan" tatapa neangan nomer. Teuing kumaha eta teh,
loba nu percaya sabangsa jurig bisa mere nomer atawa  bisa ngatur supaya
nomer nu diharepkeun bisa kaluar. Ieu dongeng pamajikan, nu kungsi diondang
nyaksian muka undian hadiah di hiji bank. Harita nu meunang hadiah
panggedena jeung kadua panggedena, urang Banten. Jelema nu ngahadiran
tingkecewis ....sabab ieu mah cenah dibantuan jin, maklum urang Banten sok
disangka kuat "elmu"na. Dasar jelema, sok sirik wae kanu meunang rejeki teh
.......

Baktos,
WALUYA




------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links



Kirim email ke