He..he..he..he... matak ngeunah seuri....genah ngalamun.....ngawangwang atawa nyaba ka dunya Gaib...nu jelas lain carita "Sirod Jelema Gaib". Sok teraskeun Mang anu langkung aheng deui, tepi-tepikeun eta beja ti Guru Mamang.....
pis mang...pis... --- Pada Sen, 6/12/10, Halimunan <[email protected]> menulis: Dari: Halimunan <[email protected]> Judul: [kisunda] sajarah siliwangi 1# Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 6 Desember, 2010, 8:37 PM Neruskeun caritaan saacana yen ieu carita lain ukur dongeng atawa harewos goib.. Kuring saparakanca estu ngorehan diditu didieu jang nambah kayakinan kana carita guru kuring ngeunaan sabagean kajadian nu dialaman ku siliwangi harita, guru kuring bisa nyaritakeun kusabab anjeuna ngalaman sorangan, nempo sorangan jeung ngadenge sorangan kajadian eta. Kunaon bet disebut guru? Lain kusabab nurunkeun elmu goib, batin jsb, lain oge nurunkeun atawa mere kakuatan ka kuring saparakanca, anjeuna disebut guru kusabab loba mamatahan alusna hirup jadi jelema teh jiga kumaha, nyarek mun alah, ngabenerkeun mun bener, jeung hiji deui, guru kuring eta nu nyaritakeun kajadian siliwangi nepika maotna. Kunaon guru kuring eta aya nepika ayeuna? Kusabab lain bangsa manusa, kajeun sasama mahluk, anjeuna lain bangsa manusa, tapi bangsa jin, anu umurna beda jeung kuring, jeung bangsa manusa. Kusabab kitu, anjeuna bisa nyaritakeun naon nu kaalaman ku anjeuna, naon anu jadi amanah siliwangi nu kudu ditepikeun ka turunan siliwangi ayeuna, ngarah apal kajadian sabenerna.ditepikeun ka kuring jang diteruskeun ka balarea, rek di percaya atawa henteu, rek di baca atawa henteu, teu jadi pasualan jang kuring, kuring ngan ukur kaamanahan nepikeun wungkul. Saha ari guru kuring saparakanca teh, kaasup guruna kang nonggerak, nu arang bijil ari teu perlu mah, beda jeung kuring nu rada sakainget. Guru kuring teh asmana SANTANG, KI SANTANG, atawa ku kuring mah disebit SI AKI. Kukituna, hampura mun engke dina cara nepikeun henteu saluyu jeung kaidah nulis nu aya, kusabab kuring lain tukang nulis artikel, teori, makalah jeung sajabana, sakali deui hanmpura dina kakurangan cara nepikeun ieu carita engkena.
