Katengtreman kahirupan rahayat pajajaran di handapeun pamarentahan siliwangi
anu wijak, kakotoran ku kahayang dulurna di cirebon. Kasultanan Cirebon beunang
kaolo ku karajaan ti wetan, terus menta bantuan kasultanan ti banten anu sarua
boga kahayang ngawasa sakabeh tatar sunda, kasarakahan anu teu mikirkeun
kahirupan rahatat anu geus tengtrem.
Karajaan jawa anu geus ti karuhuna keneh hayang ngawasa sakabeh nagri, ngan
kahalangan ku pajajaran, nepika teu bisa katedunan kahayangna. Antukna karajaan
wetan dibantuan ku bangsa deungeun nu lain dulur, ngolo kasultanan cirebon
supaya baruntak ka siliwangi bari dibibita ku kakawasaan sa tatar sunda jeung
eusi pangeusina karajaan nu skitu subur gemah ripah. Ku sultan cirebon kabayang
gedena kakawasaan, lubak libukna harta nu bakal kacekel, teu mikir dulur, teu
mikir rahayat nu bakal katalangsara.
Kasultanan cirebon nu ngarasa jadi jawa batan sunda, tapi hayang ngawasa tatar
sunda, asa dibere jalan tina pangajak karajaan wetan nu dibantuan ku bangsa
deungeun, nu buukna jeung kulitna oge teu sarua.
Kasultanan cirebon ngajak kasultanan banten jang baruntak ka siliwangi, bari
sarua dibibita ku harta kakayaan jeung kakawasaan engkena mun geus siliwangi
teu ngawasa deui tatar sunda. Kasarakahan deui wae nu matak banten sadia milu
mantuan cirebon, karajaan wetan jeung bangsa deungeun eta. Deudeuh teuing
siliwangi, ku alatan kasarakahan anjeuna pada ngahurup ku dulur2na nu salila
eta dipercaya ku anjeuna.
Siliwangi ngambeu rek aya baruntak ti cirebon jeung banten nu dibantuan ku raja
wetan jeung bangsa deungeun. Kusabab eta, siliwangi marentahkeun sakabeh
kapercayaana jang ngumpulkeun sakabeh titingal karajaan pajajaran di hiji
tempat nu dirusiahkeun. Batan kudu dicokot ku dulur2na nu hianat, mending
disumputkeun sakalian, kajeun jaga rek kaanggih deui atawa henteu, boa bakal
jadi pibekelen turunana jaga.
Singketna carita, ampir sakabeh pakaya karajaan disumputkeun, dina tempat anu
disebut leuit, di hiji tempat anu dirusiahkeun, di halimunkeun, ngarah teu
kapanggih ku musuh2 jeung dulur2na nu hianat.Ngan hiji nu disedakeun jang
tanda, nyaeta batu anu eusina nunjukeun kumaha carana manggihan eta leuit, di
serat ku leungeun siliwangi sorangan, di pelak sisi ciseke tengah leuweung
handapeun gunung anu gede. Siliwangi mikaharep eta batu kapanggih ku turunana
jaga engke jang pibekelen nanjeurkeun deui pajajaran nu geus katingali rek
paragat umurna.
Siliwang nitip amanah ka ki santang, jang ngajaga ngariksa sakabeh titinggalan
anjeuna jeung nagrina. Siliwangi milih ki santang kusabab umur bangsa ki
santang jauh leuwih panjang batan umur manusa, jadi na manahna miharep hiji
mangsa ki santang bakal mikeun eta titinggal ka turunan siliwangi jaga.
Ki santang nyanggupan, ngan ki santang paheut moal loba ulubiung kana urusan
manusa, ki santang nyaho wates2na nu digariskeun ku islam perkara eta. Daek
ngajaga tapi mopa ngasngkeun paawa nunjukeun di mana nu bisa maggipha batu
tulis eta tinggal neanga ku sewang2 na. Eta janji ki santang ka sliwangi,
disauyua ku siliwagi.
Kacaritakeun antukna cirebon sabalad2 maheutkeun kaputusan jang ngarebut
kakawasaan ti siliwangi, alesan anu dipake yen rek ngislamkeun siliwangi,
padhal salila ieu nu leuwih segut nyebarkeun islam teh sabenerna sunan rohmat,
nyaeta siliwangi, raja nu pmingpin pajajaran.
Kunaon cirebon make alesan soal islam? Supaya meunang rojongan ti raayat jeung
amipngin2 tatar sunda nu lainna, dijieun fitnah jang ngaluluskeun kasarakahan
manehna.
(Nyambung)
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/