Banten anu hianat.. Tuluy kang Imun...resep macana. terelek..
--- In [email protected], "Halimunan" <halimun...@...> wrote: > > Katengtreman kahirupan rahayat pajajaran di handapeun pamarentahan siliwangi > anu wijak, kakotoran ku kahayang dulurna di cirebon. Kasultanan Cirebon > beunang kaolo ku karajaan ti wetan, terus menta bantuan kasultanan ti banten > anu sarua boga kahayang ngawasa sakabeh tatar sunda, kasarakahan anu teu > mikirkeun kahirupan rahatat anu geus tengtrem. > > Karajaan jawa anu geus ti karuhuna keneh hayang ngawasa sakabeh nagri, ngan > kahalangan ku pajajaran, nepika teu bisa katedunan kahayangna. Antukna > karajaan wetan dibantuan ku bangsa deungeun nu lain dulur, ngolo kasultanan > cirebon supaya baruntak ka siliwangi bari dibibita ku kakawasaan sa tatar > sunda jeung eusi pangeusina karajaan nu skitu subur gemah ripah. Ku sultan > cirebon kabayang gedena kakawasaan, lubak libukna harta nu bakal kacekel, teu > mikir dulur, teu mikir rahayat nu bakal katalangsara. > > Kasultanan cirebon nu ngarasa jadi jawa batan sunda, tapi hayang ngawasa > tatar sunda, asa dibere jalan tina pangajak karajaan wetan nu dibantuan ku > bangsa deungeun, nu buukna jeung kulitna oge teu sarua. > > Kasultanan cirebon ngajak kasultanan banten jang baruntak ka siliwangi, bari > sarua dibibita ku harta kakayaan jeung kakawasaan engkena mun geus siliwangi > teu ngawasa deui tatar sunda. Kasarakahan deui wae nu matak banten sadia milu > mantuan cirebon, karajaan wetan jeung bangsa deungeun eta. Deudeuh teuing > siliwangi, ku alatan kasarakahan anjeuna pada ngahurup ku dulur2na nu salila > eta dipercaya ku anjeuna. > > Siliwangi ngambeu rek aya baruntak ti cirebon jeung banten nu dibantuan ku > raja wetan jeung bangsa deungeun. Kusabab eta, siliwangi marentahkeun sakabeh > kapercayaana jang ngumpulkeun sakabeh titingal karajaan pajajaran di hiji > tempat nu dirusiahkeun. Batan kudu dicokot ku dulur2na nu hianat, mending > disumputkeun sakalian, kajeun jaga rek kaanggih deui atawa henteu, boa bakal > jadi pibekelen turunana jaga. > > Singketna carita, ampir sakabeh pakaya karajaan disumputkeun, dina tempat anu > disebut leuit, di hiji tempat anu dirusiahkeun, di halimunkeun, ngarah teu > kapanggih ku musuh2 jeung dulur2na nu hianat.Ngan hiji nu disedakeun jang > tanda, nyaeta batu anu eusina nunjukeun kumaha carana manggihan eta leuit, di > serat ku leungeun siliwangi sorangan, di pelak sisi ciseke tengah leuweung > handapeun gunung anu gede. Siliwangi mikaharep eta batu kapanggih ku turunana > jaga engke jang pibekelen nanjeurkeun deui pajajaran nu geus katingali rek > paragat umurna. > > Siliwang nitip amanah ka ki santang, jang ngajaga ngariksa sakabeh > titinggalan anjeuna jeung nagrina. Siliwangi milih ki santang kusabab umur > bangsa ki santang jauh leuwih panjang batan umur manusa, jadi na manahna > miharep hiji mangsa ki santang bakal mikeun eta titinggal ka turunan > siliwangi jaga. > > Ki santang nyanggupan, ngan ki santang paheut moal loba ulubiung kana urusan > manusa, ki santang nyaho wates2na nu digariskeun ku islam perkara eta. Daek > ngajaga tapi mopa ngasngkeun paawa nunjukeun di mana nu bisa maggipha batu > tulis eta tinggal neanga ku sewang2 na. Eta janji ki santang ka sliwangi, > disauyua ku siliwagi. > > Kacaritakeun antukna cirebon sabalad2 maheutkeun kaputusan jang ngarebut > kakawasaan ti siliwangi, alesan anu dipake yen rek ngislamkeun siliwangi, > padhal salila ieu nu leuwih segut nyebarkeun islam teh sabenerna sunan > rohmat, nyaeta siliwangi, raja nu pmingpin pajajaran. > > Kunaon cirebon make alesan soal islam? Supaya meunang rojongan ti raayat > jeung amipngin2 tatar sunda nu lainna, dijieun fitnah jang ngaluluskeun > kasarakahan manehna. > > (Nyambung) > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
