Hehehe leres, ceuk kuring ge mun ayana di sunda mah namina sanes ADAM tapi SUADMA, UTUN, UJANG jsb. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Dade Rahmat <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 12 Dec 2010 12:24:28 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] LAIN ADAM PENYANYI ATAWA ADAM FILSUF Heu euh nya, ari nu ngaran jalma sok paloba-loba catur..... Geus dumuk kecap ngaran jalma "ADAM" teh asalna ti langit, heu euh tina kitab2 langit.... Hanas urang Baduy teu ngaku ka ADAM NABI nya teu nanaon, da urang Badur oge moal ngaku yen ADAM TUNGGAL teh sarua jeun BRYAN ADAM nu nyanyi lagu "Everything I do, I do it for you" atawa ADAM SMITH filsuf urang Inggris nu nulis buku perekonomian... mun teu salah mah.... Jadi teu kudu jadi bahan catur nu kawas kitu mah.... da urang Badur atawa urang Kanekes atawa saha wae oge, nu ngaran mangkeluk manusa mah nya turunan ti indung bapana... Mun teu rumasa ngindung ka Hawa ngabapa ka Adam..... nya heg wae.... meureun rek ngindung ka waktu ngabapa ka jaman..... Heg pilihna sewang2an..... hapunten anu disuhun.....
