Hatur nuhun kang Dede, saleresna padungdengan Adam sanes urusan milih memilih, sewang2an ieu proses klarifikasi (to be clear) naon nu dimaksud Adam ceuk urang sunda baduy naon nu dimaksud Adam sunda2 sanesna. Ieu proses diskusi sanes ngacapruk paloba2 catur. Mangga ngiringan pami kersa, peryogi kang Dede nu humoris nuju seurieus bahas Adam eeh lumpat ka Bryan Adam, ka Adam Smith, sugan atuh engke diskusina langkung efektif.
cag JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Dade Rahmat <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Ming, 12 Desember, 2010 11:24:28 Judul: [kisunda] LAIN ADAM PENYANYI ATAWA ADAM FILSUF Heu euh nya, ari nu ngaran jalma sok paloba-loba catur..... Geus dumuk kecap ngaran jalma "ADAM" teh asalna ti langit, heu euh tina kitab2 langit.... Hanas urang Baduy teu ngaku ka ADAM NABI nya teu nanaon, da urang Badur oge moal ngaku yen ADAM TUNGGAL teh sarua jeun BRYAN ADAM nu nyanyi lagu "Everything I do, I do it for you" atawa ADAM SMITH filsuf urang Inggris nu nulis buku perekonomian... mun teu salah mah.... Jadi teu kudu jadi bahan catur nu kawas kitu mah.... da urang Badur atawa urang Kanekes atawa saha wae oge, nu ngaran mangkeluk manusa mah nya turunan ti indung bapana... Mun teu rumasa ngindung ka Hawa ngabapa ka Adam..... nya heg wae.... meureun rek ngindung ka waktu ngabapa ka jaman..... Heg pilihna sewang2an..... hapunten anu disuhun.....
