Pajajaran anu dina carita ieu mah Pakuan Bogor. Istrina sanes Subang Larang, tapi Kentring Manik Mayang Sunda (putrina Prabu Susuk Tunggal).
--- Pada Ming, 12/12/10, Halimunan <[email protected]> menulis: Dari: Halimunan <[email protected]> Judul: [kisunda] Sajarah Siliwangi 7# (runtuhna pajajaran) Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 12 Desember, 2010, 9:45 AM Kacaritakeun di jero kota gehger aya beja kota pajajaran geus pada ngepung ku wadia balad cirebon, banten, jeung karajaan wetan. Cenahmah geus di tikung ti beulah wetan, kaler jeung kulon. Ku sabab rahayat di dayeuh masih keneh kuat, nya make cara nutup jalan, nutup sagala kabutuhan nu diperlukeun di dayeuh.(mun basa ayeuna mah diblokade meureun), nepika sakabeh rahayat di dayeuh balangsak teu bisa kaluar jeung euweuh nu bisa asup. Mangbulan2 rahayat dayeuh balangsak ku alatan eta, nepika hiji mangsa siliwangi nyieun hi kaputusan jang nyalametkaeun rahayatna, siliwangi marentahkeun sakabeh rahayatna sina kaluar ti dayeuh make jalan kidul, malipir leuweung jeung jungkrang ngarah teu kapanggih kunu hianat nu rek ngarogahala. Antukna sakabeh rahayat dayeuh ngabring nuturkeun siliwangi ninggalkeun dayeuh, mapay2 sisi jungkrang, narabas leuweung geledegan. Loba rahayat anu jadi korban dina abringan kabur eta. Kamana ari eusi dayeuh, sawareh disumputkeun, sawareh di duruk ngarah teu kapuluk ku musuh2na nu hianat. Caritana sakabeh rahayat pangeusi dayeuh nuturkeun siliwangi teu ninggalkeun nu bisa dipuluk ku batur, leuit tetep nyumuput, nyumputkeun eusi dayeuh jeung titinggal karaton siliwangi, nyumput dina guha2 nu dijieun saacana, di tempat2 anu dirusiahkeun nepika ayeuna. Abdirngan rahayat nu dipingpin ku sliiwangi jeung pangeusi karaton kaasup nyi subang larang jeurng para putrana bener2 ngaliwatan tempat anu lain mistina di tincak, loba nu jadi korban. Antukna bras kaluar ti suku gunung anu gede, terus mapay ka kidul, sajauhna siliwangi hayang nyalametkeun rahayatna. Hiji mangsa kuda anu ditumpakan ku siliwang pateuh sukuna, kuda nu dipikanyaah pisan ku siliwangi, nepikeun ka siliwangi bakating ku nyaah ka eta kuda, marentahkeun rahayatna nu bisa jang nyieun arca kuda, jang kainget siliwangi kana kuda nu geus loba jasana ka siliwangi. Eta arca kuda teh titah disipen na luhur gunung, sing nyanghareup ka dayeuh, ngarah apal beulah mana dayeuh teh ayana. Sangeus nyanghareupan sagala kasusah balangsak dina abringan kabur ti musuhna nika rmbongan sliwagi ka hiji esa anu resik apik tiis... Di dnya sliwagi ngadegkeun apdumukan jag aabe rahayat nu salamet, bari neruskeun nyebarkeun ajaran islam, nepika siliwagi boga gelar sunan rohmat suci nu boga jasa gde Pisan dina nyebarkeun ajara islam di tatar sunda
