Runtuhna pajajaran sanes di bogor, tapi saentos nikah sareng subang larang 
jeung tos ngalih ka dayeuh anyar. Di dayeuh anyar oge diadegkeun kaputren 
sareng taman, ngan ku kajadian diserbuna pajajaran dayeuh anyar, sagala eusi 
karajaan hancur total, teu nyesakeun taman, tos jadi leuweung geledegan sabab 
teu kaurus. 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Wilistya Redanta <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 13 Dec 2010 15:30:04 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Sajarah Siliwangi 7# (runtuhna pajajaran)

Pajajaran anu dina carita ieu mah Pakuan Bogor. Istrina sanes Subang Larang, 
tapi Kentring Manik Mayang Sunda (putrina Prabu Susuk Tunggal).

--- Pada Ming, 12/12/10, Halimunan <[email protected]> menulis:

Dari: Halimunan <[email protected]>
Judul: [kisunda] Sajarah Siliwangi 7# (runtuhna pajajaran)
Kepada: [email protected]
Tanggal: Minggu, 12 Desember, 2010, 9:45 AM















 
 



  


    
      
      
      Kacaritakeun di jero kota gehger aya beja kota pajajaran geus pada 
ngepung ku wadia balad cirebon, banten, jeung karajaan wetan. Cenahmah geus di 
tikung ti beulah wetan, kaler jeung kulon.



Ku sabab rahayat di dayeuh masih keneh kuat, nya make cara nutup jalan, nutup 
sagala kabutuhan nu diperlukeun di dayeuh.(mun basa ayeuna mah diblokade 
meureun), nepika sakabeh rahayat di dayeuh balangsak teu bisa kaluar jeung 
euweuh nu bisa asup.



Mangbulan2 rahayat dayeuh balangsak ku alatan eta, nepika hiji mangsa siliwangi 
nyieun hi kaputusan jang nyalametkaeun rahayatna, siliwangi marentahkeun 
sakabeh rahayatna sina kaluar ti dayeuh make jalan kidul, malipir leuweung 
jeung jungkrang ngarah teu kapanggih kunu hianat nu rek ngarogahala. Antukna 
sakabeh rahayat dayeuh ngabring nuturkeun siliwangi ninggalkeun dayeuh, mapay2 
sisi jungkrang, narabas leuweung geledegan. Loba rahayat anu jadi korban dina 
abringan kabur eta.



Kamana ari eusi dayeuh, sawareh disumputkeun, sawareh di duruk ngarah teu 
kapuluk ku musuh2na nu hianat. Caritana sakabeh rahayat pangeusi dayeuh 
nuturkeun siliwangi teu ninggalkeun nu bisa dipuluk ku batur, leuit tetep 
nyumuput, nyumputkeun eusi dayeuh jeung titinggal karaton siliwangi, nyumput 
dina guha2 nu dijieun saacana, di tempat2 anu dirusiahkeun nepika ayeuna.



Abdirngan rahayat nu dipingpin ku sliiwangi jeung pangeusi karaton kaasup nyi 
subang larang jeurng para putrana bener2 ngaliwatan tempat anu lain mistina di 
tincak, loba nu jadi korban.



Antukna bras kaluar ti suku gunung anu gede, terus mapay ka kidul, sajauhna 
siliwangi hayang nyalametkeun rahayatna.



Hiji mangsa kuda anu ditumpakan ku siliwang pateuh sukuna, kuda nu dipikanyaah 
pisan ku siliwangi, nepikeun ka siliwangi bakating ku nyaah ka eta kuda, 
marentahkeun rahayatna nu bisa jang nyieun arca kuda, jang kainget siliwangi 
kana kuda nu geus loba jasana ka siliwangi. Eta arca kuda teh titah disipen na 
luhur gunung, sing nyanghareup ka dayeuh, ngarah apal beulah mana dayeuh teh 
ayana.



Sangeus nyanghareupan sagala kasusah balangsak dina abringan kabur ti musuhna 
nika rmbongan sliwagi ka hiji esa anu resik apik tiis... 



Di dnya sliwagi ngadegkeun apdumukan jag aabe rahayat nu salamet, bari 
neruskeun nyebarkeun ajaran islam, nepika siliwagi boga gelar sunan rohmat suci 
nu boga jasa gde Pisan dina nyebarkeun ajara islam di tatar sunda





    
     

    
    


 



  











Kirim email ke