Numutkeun halimun, wayahna nu percaya ka Nabi Isa can maot kudu diralat eta 
kapercayaan teh sabab salah.

Terus kumaha lalakon anak-anak turunan Siliwangi? mun enya mah boga anak, pasti 
anakna arapaleun lalakon bapana.




________________________________
From: Halimunan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, December 15, 2010 2:05:14 PM
Subject: [kisunda] Sajarah Siliwangi 9# Tpupusna siliwangi)

  
Tiap jalma nu kumelendang di alam dunya ieu pasti aya mimitina jeung aya 
tungtungna, euwueh hiji oge mahluk ti bangsa manusa anu bisa hirup salilana 
atawa pindah ka alam sejen, rek disebut ngahiyang atawa tilem, rek rahayat 
leutik, nepika raja, arek umat atawa nabi, kabeh ge keuna ku pati nyaeta maot 
tea.

Lamun aya carita atwa dongeng manusa anu teu maot, ulah dipercaya teu kudu 
didengekeun komo disembah2 mah. Sabab salian ti nyasarkeun, katingali 
kabodoanna 
teh.

Kukituna siliwangi, kajeun raja gede, sakti mandraguna, sarua jeung manusa 
sejenna, anjeuna keuna ku pati, maot, teu ngaleungit, ngahiang atawa tilem, teu 
kudu di mulya2 leuwih ti misti da sarua mahluk, sarua jelemana diga urang2 nu 
kumpul di ieu milis. Kunaon kuring keukeuh menta siliwangi teu meunang dipusti2 
leuwih ti misti, kusabab sateuacan pupusna siliwangi nitip amanah ka baturna, 
ki 
santang supaya engke dina geus maotna, anjeuna ulah dikitu2 bisi mawa doraka ka 
anjeuna, bisi mawa sasar ka nu lian nu harirup keneh.

Caritana sanggeus lila hirup di eta kampung, bari ngadegkeun pasantren jeung 
nurunkeun elmu kaislamanana, siliwangi cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, 
kudu balik ka mantenNa. Siliwangi teu damang wales (si aki.teu nyaritakeun 
gering naon), ngan ukur bisa nyangsaya bari ambekanna geus beurat.

Siliwangi nyalukan baturna ki santang, rek nepikeun amanah saencan anjeuna 
pupus. Siliwangi nyarita ka ki santang supaya ki santang mun dibere umur keneh, 
dipenta ngajaga akidah rahayat sunda nu masih keneh nyesa. Ki santang dipenta 
ngajaga carita sabenerna jalan hirup siliwangi ngarah teu pungkal pengkol ku 
liwatna jaman, dipenta oge ngajaga titinggal karajaan nu disumputkeun sabisana.

Ki santang ngaheruk nyanghareupan kanyataaan rekk ditinggalkeun ku batur na 
nyaeta siliwangi.batur nu salila eta hirup bareng, dibaturan ku ki santang dina 
susah jeung senang.

Ki santang nyanggupan pamenta siliwangi, tapi ki santang nyarita moal loba 
ulubiung dina kahirupan urang sunda, ngan sadia ngajaga dua perkara eta, soal 
ngajaga akidah jeung carita.

Siliwangi antukna ngantunkeun, bari ngantunkeun kahayang nu can katedunan 
nyaeta 
ngabagjakeun rahayat nu satia nuturkeun bari dibawa balangsak oge.

Siliwangi dimakamkeun di kampung eta, make tata cara islam sarua jeung tatacara 
nikahna jeung subang larang. Makamna teu make aran siliwangi, tapi make aran 
rohmat, sunan rohmat. Sunan nu boga jasa gede pisan dina nyebarkeun islam di 
tatar sunda, nu diteruskeun ku rakean santang anakna.

Pileuleuyan raja sunda panungtung, wali allah ti tatar sunda, nu coba ditutup2 
ku jalma2 nu teu mikahayang urang sunda ngahiji deui, gede deui, kuat deui.. 
Pileuleuyan ayi cenah ceuk ki santang bari dareuda nahan nalangsa.. Pileuleuyan





      

Kirim email ke