Saha nu nyebat nabi isa hirup keneh ? Beu.. "Diangkat" ka langit teh hartosna pupus... Aduh aduh....
Putrana siliwangi asana mah tos pupus sadayana, moal aya nu tiasa diajak ngobrol kang.. Kumaha ieu teh ? Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: ilen kardani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 15 Dec 2010 01:37:32 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Sajarah Siliwangi 9# Tpupusna siliwangi) Numutkeun halimun, wayahna nu percaya ka Nabi Isa can maot kudu diralat eta kapercayaan teh sabab salah. Terus kumaha lalakon anak-anak turunan Siliwangi? mun enya mah boga anak, pasti anakna arapaleun lalakon bapana. ________________________________ From: Halimunan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, December 15, 2010 2:05:14 PM Subject: [kisunda] Sajarah Siliwangi 9# Tpupusna siliwangi) Tiap jalma nu kumelendang di alam dunya ieu pasti aya mimitina jeung aya tungtungna, euwueh hiji oge mahluk ti bangsa manusa anu bisa hirup salilana atawa pindah ka alam sejen, rek disebut ngahiyang atawa tilem, rek rahayat leutik, nepika raja, arek umat atawa nabi, kabeh ge keuna ku pati nyaeta maot tea. Lamun aya carita atwa dongeng manusa anu teu maot, ulah dipercaya teu kudu didengekeun komo disembah2 mah. Sabab salian ti nyasarkeun, katingali kabodoanna teh. Kukituna siliwangi, kajeun raja gede, sakti mandraguna, sarua jeung manusa sejenna, anjeuna keuna ku pati, maot, teu ngaleungit, ngahiang atawa tilem, teu kudu di mulya2 leuwih ti misti da sarua mahluk, sarua jelemana diga urang2 nu kumpul di ieu milis. Kunaon kuring keukeuh menta siliwangi teu meunang dipusti2 leuwih ti misti, kusabab sateuacan pupusna siliwangi nitip amanah ka baturna, ki santang supaya engke dina geus maotna, anjeuna ulah dikitu2 bisi mawa doraka ka anjeuna, bisi mawa sasar ka nu lian nu harirup keneh. Caritana sanggeus lila hirup di eta kampung, bari ngadegkeun pasantren jeung nurunkeun elmu kaislamanana, siliwangi cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, kudu balik ka mantenNa. Siliwangi teu damang wales (si aki.teu nyaritakeun gering naon), ngan ukur bisa nyangsaya bari ambekanna geus beurat. Siliwangi nyalukan baturna ki santang, rek nepikeun amanah saencan anjeuna pupus. Siliwangi nyarita ka ki santang supaya ki santang mun dibere umur keneh, dipenta ngajaga akidah rahayat sunda nu masih keneh nyesa. Ki santang dipenta ngajaga carita sabenerna jalan hirup siliwangi ngarah teu pungkal pengkol ku liwatna jaman, dipenta oge ngajaga titinggal karajaan nu disumputkeun sabisana. Ki santang ngaheruk nyanghareupan kanyataaan rekk ditinggalkeun ku batur na nyaeta siliwangi.batur nu salila eta hirup bareng, dibaturan ku ki santang dina susah jeung senang. Ki santang nyanggupan pamenta siliwangi, tapi ki santang nyarita moal loba ulubiung dina kahirupan urang sunda, ngan sadia ngajaga dua perkara eta, soal ngajaga akidah jeung carita. Siliwangi antukna ngantunkeun, bari ngantunkeun kahayang nu can katedunan nyaeta ngabagjakeun rahayat nu satia nuturkeun bari dibawa balangsak oge. Siliwangi dimakamkeun di kampung eta, make tata cara islam sarua jeung tatacara nikahna jeung subang larang. Makamna teu make aran siliwangi, tapi make aran rohmat, sunan rohmat. Sunan nu boga jasa gede pisan dina nyebarkeun islam di tatar sunda, nu diteruskeun ku rakean santang anakna. Pileuleuyan raja sunda panungtung, wali allah ti tatar sunda, nu coba ditutup2 ku jalma2 nu teu mikahayang urang sunda ngahiji deui, gede deui, kuat deui.. Pileuleuyan ayi cenah ceuk ki santang bari dareuda nahan nalangsa.. Pileuleuyan
