Sampurasun...
parawargi sadaya

hatur nuhun kang Maman parantos muka lawang ngenaan JIN, JIN ieu anu 
dijantenkeun nara sumber ku kang Imun dina ngaguar carita topik Prabu 
Silihwangi [kisunda] Sajarah Siliwangi 1, tug dugi ka topik [kisunda] Sajarah 
Siliwangi 9# Tpupusna siliwangi).

Anu janten kageuing pikir simkuring, perkara JIN dijantenkeun NARA SUMBER pon 
kitu deui dina udagan caritana. Katingalna dina palebah eusining caritananamah 
parantos seueur anu ngomentaran.

Simkuring pribadi sapuk sareng kang Waluya, yen makam anu di Godog (Babad 
Godog), Sancang Garut eta sanes makam Prabu Silihwangi, tapi makam Putrana 
wastana Rakean Santang (Sunan Rohmat) tea.

Keun wae lah perkawis eusi caritana mah. Kumaha upami Eyang Prabu Silihwangina 
langsung dijantenkeun Nara Sumberna.
Janten aya pilihan Nara Sumberna bade ti Bangsa JIN atau RUH (Roh)na Eyang 
Prabu. Hehehehe

kinten-kinten tiasa moalnya???

Tah..tah...tah, janten urang gali eta Nara Sumberna
1.Kumaha JIN Menurut Al-Qur'an + menurut Nabi Muhammad SAW.
2.Kumaha RUH menurut Al-Qur'an + menurut Nabi Muhammad SAW.

sakitu heula,
Rampes...
Agus Wirabudiman

--- On Wed, 12/15/10, Maman <[email protected]> wrote:

> From: Maman <[email protected]>
> Subject: [kisunda] jin
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, December 15, 2010, 12:20 PM
> From: Waluya 
> 
> Mending nyatritakeun(?) nu sejen deui ..ah!
> 
> Baktos,
> WALUYA
> ===
> 
> Kuring boga sobat, pajabat luhur. Anjeuna apal kanu urusan
> per-JIN-an (sanes perijinan nya'),
> Osok rajin aya kapanasaran, kuring tunya-tanya kamanehna. 
> Apaleun manehna ka kuring anu 'super rasional' jeung
> sekeptis-ilmiah.
> Loba sih dongeng anu pikaaheungeun, ngan kitu umpama
> nyarita kudu kanu "sa-ikhwan", antara dongeng dunia nyata
> jeung kumaha sisi-ghoibna. 
> Lamun ka kuring mah osok nyaritakeun kajadian nu umumna,
> jeung sakalian dongeng dunia ghoibna
> Ka babaturan nu sejen mah tara we. 
> Umpamana di Purwakarta, aya 'tukang-jin' anu nyokotan
> 'pakarang-ghoib' anu
> aya di kabupaten tina dinding-2 di hiji bale, sabangsaning
> keris, batu jsbte. Aya anu ngainfokeun kitu(sabangsa Jin),
> ku anjeuna eta tempat dikonci, antukna teu bisa ngala
> pakarang-2 anu aya. 
> Atuh 'tukang-jin' ngararamuk, saha ieu anu ngonci?
> Dipaluruh kanyahoan ku babaturan kuring.
> Teras we didinya ngadu elmu, si Tukang Jin nya kirimkeun
> 'panyakit' anu teu kadeteksi ku kedokteran. Gering ripuh
> atuh babaturan kuring teh, saparantosna dipaluruh katohyan
> yen eta panyakit teh sanes penyakit biasa, nya diubaran we
> ku anjeuna nyalira (saparantosna di cek ku
> elmu kedokteran). Cageur we.
> Anu jelasmah, nya kitu, nyaho wayah jeung tempat, mana
> carita anu keur umum, mana carita keur khusus anu
> kira-kirana moal mawa matak. 
> Ah panasaran keneh, cikan gaduh pakarang naon anu ceuk
> kuring kira-kirana matak butek(teu asup akal), kuring
> tumanya ka manehna.
> Saparantosna manehna asup ka hiji ruangan, ngaluarkeun we
> duit kencring sukarno, jeung batu merah-delima sagede
> keleci.
> Tingali, ceuk manehna, eta batu md teh ukur dicepeng
> jol-jol hurung beureum siga aya battre-an. 
> Cikan lamun diasupkeun kana cai hurung teu, ceuk kuring
> panasaran da aya beja lamun batu md diasupkeun kana cai
> herang, terus hurung beureum. Ceuk manehna: nya bisa atuh,
> ngan lamun ukur dianclubkeun kana cai terus hurung mah, tapi
> dicepeng teu hurung, darajatna eta batu masih leuwih handap
> ti batan anu ngan ukur dicepeng wungkul hurung. 
> Oh kitunya, jadi aya tingkatan-tingkatan [jin] anu
> nyicingan hiji pakarang teh. Semuhun kitu, ceuk manehna. 
> 
> Nya kasimpulana mah, mitos teh aya barangna, aya jinisna.
> 
> Mangga. wilujeng nyetrika.
> 
> Baktos
> mz
> 
> 
>       
> 
> 
> ------------------------------------
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [email protected]
> 
> 
> 


      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke