From: Waluya
Mending nyatritakeun(?) nu sejen deui ..ah!
Baktos,
WALUYA
===
Kuring boga sobat, pajabat luhur. Anjeuna apal kanu urusan per-JIN-an (sanes
perijinan nya'),
Osok rajin aya kapanasaran, kuring tunya-tanya kamanehna.
Apaleun manehna ka kuring anu 'super rasional' jeung sekeptis-ilmiah.
Loba sih dongeng anu pikaaheungeun, ngan kitu umpama nyarita kudu kanu
"sa-ikhwan", antara dongeng dunia nyata
jeung kumaha sisi-ghoibna.
Lamun ka kuring mah osok nyaritakeun kajadian nu umumna, jeung sakalian dongeng
dunia ghoibna
Ka babaturan nu sejen mah tara we.
Umpamana di Purwakarta, aya 'tukang-jin' anu nyokotan 'pakarang-ghoib' anu
aya di kabupaten tina dinding-2 di hiji bale, sabangsaning keris, batu jsbte.
Aya anu ngainfokeun kitu(sabangsa Jin), ku anjeuna eta tempat dikonci, antukna
teu bisa ngala pakarang-2 anu aya.
Atuh 'tukang-jin' ngararamuk, saha ieu anu ngonci? Dipaluruh kanyahoan ku
babaturan kuring.
Teras we didinya ngadu elmu, si Tukang Jin nya kirimkeun 'panyakit' anu teu
kadeteksi ku kedokteran. Gering ripuh atuh babaturan kuring teh, saparantosna
dipaluruh katohyan yen eta panyakit teh sanes penyakit biasa, nya diubaran we
ku anjeuna nyalira (saparantosna di cek ku
elmu kedokteran). Cageur we.
Anu jelasmah, nya kitu, nyaho wayah jeung tempat, mana carita anu keur umum,
mana carita keur khusus anu kira-kirana moal mawa matak.
Ah panasaran keneh, cikan gaduh pakarang naon anu ceuk kuring kira-kirana matak
butek(teu asup akal), kuring tumanya ka manehna.
Saparantosna manehna asup ka hiji ruangan, ngaluarkeun we duit kencring
sukarno, jeung batu merah-delima sagede keleci.
Tingali, ceuk manehna, eta batu md teh ukur dicepeng jol-jol hurung beureum
siga aya battre-an.
Cikan lamun diasupkeun kana cai hurung teu, ceuk kuring panasaran da aya beja
lamun batu md diasupkeun kana cai herang, terus hurung beureum. Ceuk manehna:
nya bisa atuh, ngan lamun ukur dianclubkeun kana cai terus hurung mah, tapi
dicepeng teu hurung, darajatna eta batu masih leuwih handap ti batan anu ngan
ukur dicepeng wungkul hurung.
Oh kitunya, jadi aya tingkatan-tingkatan [jin] anu nyicingan hiji pakarang teh.
Semuhun kitu, ceuk manehna.
Nya kasimpulana mah, mitos teh aya barangna, aya jinisna.
Mangga. wilujeng nyetrika.
Baktos
mz
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/