conto sanesna nu ngajelaskeun benten demokrasi sareng otonomi mah ngeunteung
ka uni emirate arab. nu ieu mah asaan langkung jelas heuheu

hah, naha melebar sok janten masalah nya? padahal mak erot nu geus maot  wae
pada ngiklankeun nepi ka ayeuna. eta bukti yen melebar jeung memanjang teh
kacida pentingna haha

2010/12/15 Dudi Herlianto <[email protected]>

> hehe... rada bingung memang mung ngabandingkeun jeung ingris raya mah.
> ingris raya teh karajaan (nagara) nu beda jeung nagara sejen jiga amerika
> atawa indonesia. ingris raya nu ngabawah opat+1 nagara bawahan nu boga
> otonomi pinuh, bisa mawa ngaran sorangan di kancah internasional model piala
> dunia. ngan ingris raya oge katambahan sababara teritori leutik nu sumebar
> di sakuliah dunya, oge katambah saeutik pangaruhna ka nagara persemakmuran
> urut jajahanna.
>
>  tadina mah nyandak ingris raya teh ngaran jelas we bentenna demokrasi
> jeung otonomi. sabab ingris raya mah nagara non-demokrasi (monarki) nu
> ngaotonomkeun nagara bawahanna.
>
> 2010/12/15 Maman <[email protected]>
>
>>
>>
>> Etamah namina persemakmuran.(commenwealth)
>> Australia, NewZeland, katut Amerika kapungkurna koloni Inggris.
>> Warisanna ninggalkeun sistem pemerintahan, sareng sistem hukum(peradilan),
>> anu namina sistem 'Anglo-saxon'.
>> Beda sareng warisan anu tilas dijajah ku Walanda siga Indonesia,
>> ninggalkeun sistem pemerintahan sareng sistem hukum anu disebat
>> "Eropa-Continental".
>> Contoh sistem peradilan Anglo-Saxon, dina nangtukeun bener jeung salah na
>> saurang terdakwa ku jalan sistem juri (aturan hukum ieu disebat
>> jurisprudential system)
>> Di Indonesia mah warisan Walanda, nganggo sistem rekonstruksi. [ nu matak
>> haget, lamun bener konsisten
>> ningali kasus Cut Tari jeung Ariel palebah terbukti bersalah kudu aya
>> rekontruksi pasti harayang nongton ha.ha.ha]
>>
>> Naha jadi melebar kieu ieu teh. Duka atuh ah.
>>
>>
>> On Wed Dec 15th, 2010 10:14 PM ICT Dudi Herlianto wrote:
>>
>>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke