ari nyebat "piraku" mah justru tos menghakimi...
saur kuring mah, keun weh proses pengadilan nu nganilaina, da mung eta hiji2na 
jalan ngabuktikeun salah bener na di urang mah.
saur kuring mah, teu aya jaminan latar belakang pendidikan (IAIN/pasantren) 
tiasa ngajamin seseorang terbebas tina sifat koruptif.
mungkin secara personal hal ieu tiasa dijaga, tapi ari tos lebet kana sistem 
mah, ti sisi ti gigir kamuntahan ku sifat2 nu koruptif. mungkin wae lingkungan 
padamelan nu "ngaracunan" misalna kusabab aya tungtutan nu rupa2 ti sagala sisi 
(ti parpol misalna, atawa ti pejabat2 lainnya) nya tungtungna mah tindakan 
koruptif, sok secara disadari atawa henteu, tiasa kajantenan. bahkan aya 
istilah 
korupsi berjamaah, mungkin para pelaku sebagian henteu sadar yen eta teh 
perilaku koruptif, tapi da tetep weh geuning di mata hukum mah sami wae dihukum 
sanajan hukumanna beda2 kumaha porsi keterlibatan ybs.
dina kasus bupati subang ge, ceuk kuring mah, kuduna bupati teh mere conto ka 
rahayatna, mere conto yen hukum teh kudu dijungjung. ari yakin teu salah mah, 
naha bet ambek make ngajak demo sagala. pan jadi kurang hade jang 
picontoeunana. 
komo cenah ieu latar belakangna ge IAIN pleus santri leket.
ku sikap nu ayeuna ditonjolkeun dugi ka ngajak demo sagala, eta malah janten 
conto nu kurang hade jang rahayat. rahayat dibere conto yen salian ti jalur 
hukum aya jalur lain nu ngalanggar hukum.
ieu ge sanes bade menghakimi ybs salah, da tetep weh kudu dipasrahkeun ka 
proses 
pengadilan ujung2na mah


saukur pamadegan pribadi eta mah... ngaramekeun weh... soalna asa rehe... 
heheh...

cag
 --> JeBe <--




________________________________
From: A.Mulyana Kahdar <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, December 16, 2010 10:47:59 AM
Subject: Fw: Bls: [kisunda] bupati subang tea jagoan haha

  


Memang,  piraku korupsi da bupati Subang teh apanan lulusan IAIN, beliau teh 
santri leket. Tapi ari ternyata leres mah nya kedah dihukum, sugan di aherat 
jadi hampang, kade we atuh nyelesaikeunna ulah aya unsur politik titik, 
tegakkan 
hukum selurus-lurusnya.  




----- Forwarded Message ----
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, December 15, 2010 9:15:17 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] bupati subang tea jagoan haha

  
@kang jalak.
eh...upah pungut teh kewewenangan nana dibagi keur daerah atanapi keur pusat,
ieu anu jadi pasualan utama.
ngan lamun ditaliti leuwih jero, ieu kajadian kusabab ayana otonomi daerah.
Otonomi daerah mimitina tina pemilihan kepala daerah langsung (pilkadal).
Nu namina pemilihan kepala daerah langsung teh demokrasi.
 
@kang dudi, "bupati, gubernur mah ukur kapanjangan leungeun pamarentahan pusat."
eta namina urusan wilayah(sentralisasi), benten sareng urusan daerah(otonomi).


      

Kirim email ke