Kula nyaho ka embe. Kutan kitu kula disebut nu nyaho. Saenyana kula nyaho ka
embe sabab boga kanyaho. Nyaho, nu nyaho jeung kanyaho pakuat-pakait, ngahiji
teu kapisahkeun.
Ngan lamun kula teu nyaho kana jero beuteung embe lain sabab kula teu boga
kanyaho. Ari batu teu nyaho ka jin sabab teu boga kanyaho.
Adam Smith beda jeung embe, beda jeung jin. KH Aqil Siradz metakeun elmu
ekonomi anu pakuat-pakait jeung Adam Smith ti belah dituna. Adam Smith jeung KH
Aqil Sirads disebat sami-sami dongkap tinu hiji Adam, nyaeta Adam nu nunggal.
Beda jeung embe, beda jeung jin, Adam dibere Kanyaho. Kanyaho embe kana
kahakanana beda jeung Kanyaho Adam kana kahakana. Kanyaho jin ka Prabu
Siliwangi beda jeung kanyaho Kang Asep ka Prabu Siliwangi.
Ieu soal nyaho, kanyaho bisa mawa cilaka. Kang imun ulah sok sagawayah hayang
nyandung sagala, sabab lamun kanyahoan pamajikan bisa peuting ieu batal
nyunahan.
Sipat jelema, mun kanyahoan salah, sok nyalahkeun embe, mun teu mendak embe,
jin disalahkeun.
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
ulah gedak kalinduan
tirilik.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/