Nambihan sakedik:

Anu dipikanyaho darajatna aya disahandapeun anu mikanyahona. Tapi anu
mikanyaho teu kudu ngandung harti bisa ngatur atawa nangtukeun kitu wae
(deterministik) kana naon anu dipikanyahona.

manar

2010/12/16 Tubagus Rifki L <[email protected]>

>
>
> Kula nyaho ka embe. Kutan kitu kula disebut nu nyaho. Saenyana kula nyaho
> ka embe sabab boga kanyaho. Nyaho, nu nyaho jeung kanyaho pakuat-pakait,
> ngahiji teu kapisahkeun.
>
> Ngan lamun kula teu nyaho kana jero beuteung embe lain sabab kula teu boga
> kanyaho. Ari batu teu nyaho ka jin sabab teu boga kanyaho.
>
> Adam Smith beda jeung embe, beda jeung jin. KH Aqil Siradz metakeun elmu
> ekonomi anu pakuat-pakait jeung Adam Smith ti belah dituna. Adam Smith jeung
> KH Aqil Sirads disebat sami-sami dongkap tinu hiji Adam, nyaeta Adam nu
> nunggal.
>
> Beda jeung embe, beda jeung jin, Adam dibere Kanyaho. Kanyaho embe kana
> kahakanana beda jeung Kanyaho Adam kana kahakana. Kanyaho jin ka Prabu
> Siliwangi beda jeung kanyaho Kang Asep ka Prabu Siliwangi.
>
> Ieu soal nyaho, kanyaho bisa mawa cilaka. Kang imun ulah sok sagawayah
> hayang nyandung sagala, sabab lamun kanyahoan pamajikan bisa peuting ieu
> batal nyunahan.
>
> Sipat jelema, mun kanyahoan salah, sok nyalahkeun embe, mun teu mendak
> embe, jin disalahkeun.
>
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> ulah gedak kalinduan
> tirilik.
>
>  
>

Kirim email ke