beureum mata/beureum panon : sawanda jeung nilem atawa beunteur. leuwih leutik ti nilem ngan leuwih gede ti beunteur. disebut beureum panon, sabab aya kelir beureum dina buleud panonna. nu sejenna: sepat, jaer kenit (leuwih hideung jeung leutik ti jaer biasa), ramak (tambakang), tamras banjar (kulawargana impun--di lembur kuring impun sok disebut tamras-- ngan rada gede, buntut kumpay warna-warni, teuing tah naha asalna ti banjar lainna mah), kancra, tawes, gurame, alah ngan emut sakitu, bubuhan di lembur teh rada hese manggihan balong :)
2010/12/21 mh <[email protected]> > > > Noong guntreng "beunteur" jeung "paray" antara Kang Imun jeung Kang Kumi, > jadi inget mangsa di lembur. Loba rupa lauk cai, boh nu hirup di balong, > sawah, > walungan, oge situ. > > Cing nu masih keneh areling jeung aringet kana pangalaman hirup sapopoe, > lauk naon wae nu kungsi kapanggih di lembur masing-masing. > > Ieu diantarana: > > paray, > impun, > jeler, > beunteur, > mujaer, > lele, > bogo, > deleg, > jongjolong, > nilem, > lauk emas, > ,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
