Betok di lembur sikuring masih aya, di sawah ranca. Sakumaha halodo tarik oge, 
lamun geus cur hujan breng deui.

Tah pakuat kait jeung mitos duka enya, baheula mah aya lauk ngarana “sirawing” 
baheula betahna di sawah ranca mandalaherang, ranca cicelot, jeung 
cipanteuneun. Lamun lauk ieu bijil sok subur lauk sejena. Lauk sirawing gedena 
saluhureun lauk emas bibit.  Cenah ieu sesa deungeun sangu kangjeng Pangeran 
anu teu tulus dituang. 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Jalak Pakuan
Sent: Tuesday, December 21, 2010 11:52 AM
To: [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

 

  

Betok lauk rawa, baheula mah loba di rawa lakbok padaherang-kalipucang  ciamis.

 

Makarya Mawa Raharja

 

 

  _____  

Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 11:27:21
Judul: Re: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

  

mun pakanci tungtung taun, baralik ka lembur, baroga handphone lin?, aya 
kameraan nya? hahaha. 

maksud teh, cing sing leukeun fotoan nya, eta sabangsa lauk teh, heug upload ka 
ki sunda, ka facebook, atawa naon we goah digital nya.

lain ukur lauk sabenerna mah, tantangkalan, lalab-lalaban oge fotoan, sing 
leukeun, memeh urang parikun, ngarah bisa kasalabarkeun ka balarea nya.

2010/12/21 Dudi Herlianto <[email protected]>

  

beureum mata/beureum panon : sawanda jeung nilem atawa beunteur. leuwih leutik 
ti nilem ngan leuwih gede ti beunteur. disebut beureum panon, sabab aya kelir 
beureum dina buleud panonna. nu sejenna: sepat, jaer kenit (leuwih hideung 
jeung leutik ti jaer biasa), ramak (tambakang), tamras banjar (kulawargana 
impun--di lembur kuring impun sok disebut tamras-- ngan rada gede, buntut 
kumpay warna-warni, teuing tah naha asalna ti banjar lainna mah), kancra, 
tawes, gurame, alah ngan emut sakitu, bubuhan di lembur teh rada hese manggihan 
balong :)

2010/12/21 mh <[email protected]>

  

Noong guntreng "beunteur" jeung "paray" antara Kang Imun jeung Kang Kumi, 
jadi inget mangsa di lembur. Loba rupa lauk cai, boh nu hirup di balong, sawah, 
walungan, oge situ. 

Cing nu masih keneh areling jeung aringet kana pangalaman hirup sapopoe,
lauk naon wae nu kungsi kapanggih di lembur masing-masing. 

Ieu diantarana:

paray,
impun,
jeler,
beunteur, 
mujaer,
lele,
bogo,
deleg,
jongjolong,
nilem,
lauk emas,

,___

 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke