Hatur nuhun bah Imun clear lah penjelasan ngeunaan "space", panambihna masalah 
eksistensi panginten nya eta nu kudu ati2 mah salah2 kalah  ngalunjak he he

salam
JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 15:49:53
Judul: Re: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring

  
Saleresna mah nu ngarebut tempat teh sanes urang, tapi maranehna, da alam ieu 
milik manusa, diciptakeun jang ditempatan ku manusa, maranehna teh tamu di alam 
urang, jadi kudu nurut ka aturan urang sabage pribumi, lain sabalikna, urang 
kalah nurut kahayang maranehna, urang pan tos teges2 nentang penjajahan, 
intervensi, tah jin bantangul kitu saleresna nu rek ngajajah urang, rido kituh 
urang ? Sakali deui urang nu leuwih berhak di alam urang, lain maranehna, mun 
teu daek milu aturan urang nya usir, nanaonan ngarebut tempat nu geus 
disadiakeun allah swt jang manusa ? Memangna di tempat maranehna kurang lega 
kituh. Terus kajeun manehna nga claim eta tempat manehna, rek bisa hirup 
maranehna tanpa dahar, nginum jsb ? Da teu aya dahareun sareng inumeun jang 
maranehna di dieu mah. Jadi teu aya berebut "space" sareng maranehna, nu aya 
maranehna nyoba ngarebut space urang ngarah diaku keberadaanna existensi na di 
alam urang.

Patarosan kadua, aya jin nu palay cicing samentara di alam manusa, rupa2 
maksudna, eta mah kumaha maranehna, ngan tetep urang sabage pribumi gaduh hak 
nantukeun eta tamu/jin teh ngaganggu urang teu aya di tempat eta, teras tawaran 
tempat sejen, mun tiasa nu tara katincak ku manusa, ngarah kahayang manehna 
natamu jadi turis di alam urang katedunan, manusa oge teu kaganggu ku maranehna.

Patarosan katilu, saur abdi ge materi pembentukan jin sareng manusa benten, nu 
hiji toina taneuh, nu hiji tina seuneu, janten maranehna teu kaiket ku ruang 
materi manusa, janten soal digandong, dilebetkeun kana endog atanapi botol jsb 
tiasa wae, jadi symbol tempat jang mindakeun maranehna, wios benten materi, 
tetep manehna berupa materi, nu aya, ngan seringna teu katingali.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  Jalak Pakuan <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 21 Dec 2010 15:37:11 +0800 (SGT)
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Bls: [kisunda] bah Imun cek  ricek jurig di imah kuring
  
Taah kasus nu kieu sering pisang,  nu mindeng kajadian na hirup sapopoe, ti 
baheula meleg rek kasaha tatanya, manawi bah Imun tiasa nerangkeun. (Punten ieu 
mah tos lebet teknis make logika).
1. Aya kesan jelema jeung mahluk gaib (jin/jurig) parebut "space", aya rebutan 
"penguasaan tempat". Kunaon tiasa kitu kapan benten alamna naha jin/jurig 
pakait 
alam nyata?
2. Mindahkeun jin ka hiji tempat.....Naha aya tempat favorit jin/jurig?
3. Mindeng kacaritakeun mindahkeun make digandong, diasupkeun kana endog, 
diasupkeun kana botol......naha mekanismena jadi sagala real?

Hatur nuhun sateuacana
salam
JP

 
Makarya Mawa Raharja

___ 

Kirim email ke