Nya kitu tea kang, teu jalmi, teu jin sami wae, kadang sok ngalunjak, nya tinggal urang na we sabage manusa bade dikumahakeun eta jin Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 21 Dec 2010 17:48:13 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Space Manusa-Jin Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Hatur nuhun bah Imun clear lah penjelasan ngeunaan "space", panambihna masalah eksistensi panginten nya eta nu kudu ati2 mah salah2 kalah ngalunjak he he salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 15:49:53 Judul: Re: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Saleresna mah nu ngarebut tempat teh sanes urang, tapi maranehna, da alam ieu milik manusa, diciptakeun jang ditempatan ku manusa, maranehna teh tamu di alam urang, jadi kudu nurut ka aturan urang sabage pribumi, lain sabalikna, urang kalah nurut kahayang maranehna, urang pan tos teges2 nentang penjajahan, intervensi, tah jin bantangul kitu saleresna nu rek ngajajah urang, rido kituh urang ? Sakali deui urang nu leuwih berhak di alam urang, lain maranehna, mun teu daek milu aturan urang nya usir, nanaonan ngarebut tempat nu geus disadiakeun allah swt jang manusa ? Memangna di tempat maranehna kurang lega kituh. Terus kajeun manehna nga claim eta tempat manehna, rek bisa hirup maranehna tanpa dahar, nginum jsb ? Da teu aya dahareun sareng inumeun jang maranehna di dieu mah. Jadi teu aya berebut "space" sareng maranehna, nu aya maranehna nyoba ngarebut space urang ngarah diaku keberadaanna existensi na di alam urang. Patarosan kadua, aya jin nu palay cicing samentara di alam manusa, rupa2 maksudna, eta mah kumaha maranehna, ngan tetep urang sabage pribumi gaduh hak nantukeun eta tamu/jin teh ngaganggu urang teu aya di tempat eta, teras tawaran tempat sejen, mun tiasa nu tara katincak ku manusa, ngarah kahayang manehna natamu jadi turis di alam urang katedunan, manusa oge teu kaganggu ku maranehna. Patarosan katilu, saur abdi ge materi pembentukan jin sareng manusa benten, nu hiji toina taneuh, nu hiji tina seuneu, janten maranehna teu kaiket ku ruang materi manusa, janten soal digandong, dilebetkeun kana endog atanapi botol jsb tiasa wae, jadi symbol tempat jang mindakeun maranehna, wios benten materi, tetep manehna berupa materi, nu aya, ngan seringna teu katingali. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 21 Dec 2010 15:37:11 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] bah Imun cek ricek jurig di imah kuring Taah kasus nu kieu sering pisang, nu mindeng kajadian na hirup sapopoe, ti baheula meleg rek kasaha tatanya, manawi bah Imun tiasa nerangkeun. (Punten ieu mah tos lebet teknis make logika). 1. Aya kesan jelema jeung mahluk gaib (jin/jurig) parebut "space", aya rebutan "penguasaan tempat". Kunaon tiasa kitu kapan benten alamna naha jin/jurig pakait alam nyata? 2. Mindahkeun jin ka hiji tempat.....Naha aya tempat favorit jin/jurig? 3. Mindeng kacaritakeun mindahkeun make digandong, diasupkeun kana endog, diasupkeun kana botol......naha mekanismena jadi sagala real? Hatur nuhun sateuacana salam JP Makarya Mawa Raharja ___
