Kuring salaku kuncen baheula kungsi ngembarkeun yen moal ngaloloskeun surelek anu eusina bacaeun dina basa indonesia, ngan nyakitu tea lah, dilema meureun kasebutna. Lamun masalahna penting teu penting, sigana loba pisan bacaeun anu penting teh, komo dina basa indonesia atawa inggris mah. Naha nu kaci diasupkeun ka milis teh cukup ku pentingna wungkul? Walah, sarua we atuh jeung ngagabungkeun sakabeh milis nu aya di yahoogroups ka kisunda! kang ahsa & kang zen panginten gaduh kapentingan ngada'wahkeun si'ah (hampura bisi salah), pon kitu oge nu sejen atuh meureun... mun kitu mah, uing oge kaci atuh nya ngirimkeun makalah-makalah anu jadi bacaan uing sapopoe, da pikeun uing mah eta teh penting!
"*Na kitu wae ni riweuh? hapus we atuh ari teu suka macana mah..!*" kitu ilaharna ditembal. pikeun kuring mah teu bisa kitu, utamana kusabab unggal milis dijieun pikeun tujuan anu husus. ibaratna mah meureun sarua jeung jolna jalma nu nerangkeun sual kalkulus ka kelas anu pangeusina rek neuleuman soal genetika. punten nya, ulah lepat hartos, uing teu maksud ngahahalang si'ah. sikandar kumincir.blogspot.com 2010/12/22 Ahsa > > salam... > hehehe... punten Kang, abdi mah ngiring berbagi we. > mun nya ngan ukur minuhan, nya ulah diwaro keun keur nu resep we :-] > piis... >
