Kahatur kang Zen, kang Ahmad & baraya nu Syi'ah: Upami katampi mah sim kuring mundut aranjeun saena masihan asupan ajaran2 syiah nu kinten2a aya mangpaatna keur urang sunda, kasundaan. Nya teu kedah wawar2 langsung we gabung wae ngabahas topik/jejer nu di bahas na milis kawas ayeuna nu keyeng ngabahas jin/jurig, debus. Harepan mah pan nambihan perspektif kumaha ti sisi ajaran syiah, atuh sugan bisi2 aya tradisi/praktek nu sarua sarupa di tatar persia. Terus terang bae pami ngan ngalungkeun materi dakwah mah tos kabuhulan komo saprak aya mang gugel mah klak klik langsung ngaburudul pan. Too much information ceuk Sting van the Police mah.
Janten hayu urang sumanget babarengan mere kontribusi anu real keur urang sunda, kasundaan, tatar sunda. Neda dihapunten sateuacana, Jalak Pakuan Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 16:13:38 Judul: Re: Bls: [kisunda] Syahidnya Imam Husein dalam Shahih Bukhari Kuring salaku kuncen baheula kungsi ngembarkeun yen moal ngaloloskeun surelek anu eusina bacaeun dina basa indonesia, ngan nyakitu tea lah, dilema meureun kasebutna. Lamun masalahna penting teu penting, sigana loba pisan bacaeun anu penting teh, komo dina basa indonesia atawa inggris mah. Naha nu kaci diasupkeun ka milis teh cukup ku pentingna wungkul? Walah, sarua we atuh jeung ngagabungkeun sakabeh milis nu aya di yahoogroups ka kisunda! kang ahsa & kang zen panginten gaduh kapentingan ngada'wahkeun si'ah (hampura bisi salah), pon kitu oge nu sejen atuh meureun... mun kitu mah, uing oge kaci atuh nya ngirimkeun makalah-makalah anu jadi bacaan uing sapopoe, da pikeun uing mah eta teh penting! "Na kitu wae ni riweuh? hapus we atuh ari teu suka macana mah..!" kitu ilaharna ditembal. pikeun kuring mah teu bisa kitu, utamana kusabab unggal milis dijieun pikeun tujuan anu husus. ibaratna mah meureun sarua jeung jolna jalma nu nerangkeun sual kalkulus ka kelas anu pangeusina rek neuleuman soal genetika. punten nya, ulah lepat hartos, uing teu maksud ngahahalang si'ah. sikandar kumincir.blogspot.com 2010/12/22 Ahsa salam... >hehehe... punten Kang, abdi mah ngiring berbagi we. >mun nya ngan ukur minuhan, nya ulah diwaro keun keur nu resep we :-] >piis... >
