Urang teruskeun, ayeuna dongeng cadu dahar hulu hayam: Ceuk dongeng kolot di lembur, baheula aya dua jajaka adi lanceuk nu salawasna hirup rukun. Hiji mangsa lanceukna miang nyaba tempat sejeh nu jauh di alak paul. Nyabana teh banget ku lila teu embol-embol, teuing nyiar nanahaon.
Kacaritakeun adina di lembur geus sawawa, sarta geus beger boga bebene mojang mencrang anak tatanggana. Lantaran geus lila papacangan, duanana merenyeng hayang geura ka bale nyungcung. Ngan hanjakal aya hahalang, sabab ki adi kudu ngarunghal lanceukna nu geus lawas nyaba can balik wae. Kocap kacarita ki adi ngirim surat ka lanceukna, duka make pos, duka make e-mail, atawa ngutus manuk japati. Singketna ki lanceuk ngidinan adina ngarunghal kawin ti heula. Teu lila saprak ki adi pangantenan, aya iber yen ki lanceuk rek mulang ka lemburna. Atuh bakat ku sono ka nu jadi lanceuk, ki adi ngiberan ka lanceukna rek mapag dihiji tempat, bari sakalian 'honey moon' caritana mah. Singketna carita, adi lanceuk geus tepung di hiji tempat. Atuh keur ngareuah-reuah tepung sono, teu kaliwat curak-curak tuang siang murak timbel. Teu kaliwat laukna pais hulu hayam karesep lanceukna. Bakat ku pogot kana balakencrakan, ki lanceuk ngahimel murak hulu hayam. Na atuh, bakat ku tarik teuing ngegel hulu hayam, ari kecrot teh polona muncrat pas pisan kana pinareup nyeungseung pamajikan adina. Jigana mah make kabaya tea meureun nya. Atuh ki lanceuk, bakat ku nyaah sarta ngarasa boga salah, rikat nyusut polo hayam nu naplok dina pinareup tea. Geus kitu takdirna meureun. Ninggali ki lanceuk ngaledot polo hayam, ki adi ngagidir amarahna. Nu antukna tarung patutunggalan antara adi jeung lanceuk. Kulantraran duanana pada-pada belekesenteng, saguru, saelmu, pada-pada bedas. Kocap kacarita, duanana perlaya nemahing pati. Tinggal nyi panganten nu kanyenyerian, nyaksian dua dulur ngajolopong. Tah ti harita, sakur katurunan kulawarga eta lembur, cadu ngadahar hulu hayam. Sabab geus mawa mamala ka kulawargana. cag ah. -mh- 2010/12/24 mh <[email protected]> > Diantarai nu masih nyangkaruk dina ingetan, asana aya sababaraha hal, boh > pakait > jeung kadaharan atawa kalakuan, nu ku sabagean masyarakat pantang > dilakukeun. > >
