Dua kali pendak sareng Abah Surya teh.
Kahiji waktos taun 2005, gempungan di wisma Unpad pengkereun Gedong Sate.
Harita
mah teu acan wanoh pisan. Justru anu kungsi ngobrol mah sareng Prof. Yus
Rusyana, dikenalkeun ku pun bojo. Harita teh kaleresan ngajak pun bojo ka
gempungan. Ari pun bojo ngarasa wanoh sareng Prof. Yus Rusyana, margi aya Ua
pun
bojo anu nyobat dalit sareng Prof Yus Rusyana. Dina gempungan eta anu masih
kaemut ku pribados mah waktos prof. Yus Rusyana umajak ka para sugri wargi anu
haladir dina eta gempungan sangkan ngeuyeubkeun surelek Kisunda ku cara sering
nyerat perkara naon wae di Kisunda. Entong dihalangan kedah ngupas topik-topik
kasundaan anu khusus. Anu penting mah, basa Sunda jadi conggah pikeun
digunakeun
dina komunikasi sapopoe. Kitu tah anu masih kaemut ku sim kuring.
Kadua, waktos acara seminar "Reinventing Sunda" di Bogor. Eta oge ku alpukahna
kang Oman, anu ngintun undangan khusus keur kuring via pos. Satadina mah hoyong
nungkulan ti awal nepi ka akhir. Babakuna mah hoyong ngadokumentasikeun
kagiatan
penting, anu boa iraha deui bakal aya acara siga kitu. tapi nya kitu tea, aya
wae kagiatan kantor anu ngahalangan. Tapi dina sesi Abah Surya biantara,
kuring
aya di tempat seminar. Ti A nepi ka Z, pedaran Abah Surya ku kuring direkam
kumplit. Tina hasil dokumen eta, aya pipikiran hoyong ngondang sacara khusus
Abah Surya di studio Broadcast Center FISIP UI, diwawancara teras direkam kana
video, sapertos kapungkur ngawawancara (alm) mang Ayat.
Impian kuring mah, kedah aya tim anu husus pikeun ngadokumenasikeun (video)
para
tokoh sunda, pikeun pieunteungeun keur generasi kahareup. Upama baheula aya
Pangeran Wangsakerta anu ngumpulkeun sajarah dina tulisan, jaman ayeuna mah
atuh
kedah rada maju, teu ngan sakadar ngumpulkeun tulisan wungkul.
baktos,
mrachmatrawyani