Kang Enjebe, usulna sae pisan, mangga abdi ngarojong.

Ka kang Oca, iraha kalender pabaru Sunda teh baris medalna?

manar

2010/12/31 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> kala sunda.
> enya  kg enjebe, keur nungguan sponsorna heula, padahal taun baru na ping
> 15nov kamari. muga pareng lahir ahir jan. hargana can tiasa ditangtoskeun.
> di tasik aya kg asep anu gaduh percetakan, saurna bade nyitak 5000 exp.
> dibandung sami.mung beda bahan kertasna wkl. ka sponsor sipatna "nambut" mun
> tos payu dipulangkeun sa ayana anu meser. hargana mung sakadar gaganti
> ongkos citak miwah operasional wkl. mudah2an minggu payun aya warta ti
> sponsorna.  kl 30 yutaeun. hn*R3M
>
> 2010/12/31 <[email protected]>
>
>
>>
>> Usul ka forum we ieu mah bade dimderasi atanapi teu, ulah eleh ku caleg
>> ngabagi bagi kalender bari dipotoan. Inshaallah ngiring mawuran kana
>> waragadna mah
>>
>> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar
>> teyusss.....
>> ------------------------------
>> *From: * "Roza R. Mintaredja" <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Thu, 30 Dec 2010 16:49:49 +0700
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *Re: [kisunda] Abah Surya, panineungan
>>
>>
>>
>> HAAAR, SAMI GEUNIN UIN GEN TERAKHIR TEH DI ACARA REINVENTING SUNDA, KG
>> RAWAYAN.
>> MALIH UIN MAH NEMPATAN KAMARNA DUAAN SARENG KG AGUS ROCHE, KUMARGI
>> ANJEUNNA UAH UIH KA BDGNA.
>> TIDINYA UIN NINGALIKEUN BUKU PURBATISI PURBAJATINA KG IMAM MUDRIKA TEA.
>> NGEUNAAN PALSAPAH SUNDA WIWITAN. SAUR ALM , ETA MAH SASTRA SUNDA, ENYA BOA
>> MIRIP KARYANA HHM MUSTAPA, RADA NYASTRA. TAPI DA KG ABAH SURYA GEN SASTRAWAN
>> LIN? HN*R3M
>>
>> 2010/12/30 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Dua kali pendak sareng Abah Surya teh.
>>>
>>> Kahiji waktos taun 2005, gempungan di wisma Unpad pengkereun Gedong Sate.
>>> Harita mah teu acan wanoh pisan. Justru anu kungsi ngobrol mah sareng Prof.
>>> Yus Rusyana, dikenalkeun ku pun bojo. Harita teh kaleresan ngajak pun bojo
>>> ka gempungan. Ari pun bojo ngarasa wanoh sareng Prof. Yus Rusyana, margi aya
>>> Ua pun bojo anu nyobat dalit sareng Prof Yus Rusyana. Dina gempungan eta anu
>>> masih kaemut ku pribados mah waktos prof. Yus Rusyana umajak ka para sugri
>>> wargi anu haladir dina eta gempungan sangkan ngeuyeubkeun surelek Kisunda ku
>>> cara sering nyerat perkara naon wae di Kisunda. Entong dihalangan kedah
>>> ngupas topik-topik kasundaan anu khusus. Anu penting mah, basa Sunda jadi
>>> conggah pikeun digunakeun dina komunikasi sapopoe. Kitu tah anu masih kaemut
>>> ku sim kuring.
>>>
>>> Kadua, waktos acara seminar "Reinventing Sunda" di Bogor. Eta oge ku
>>> alpukahna kang Oman, anu ngintun undangan khusus keur kuring via pos.
>>> Satadina mah hoyong nungkulan ti awal nepi ka akhir. Babakuna mah hoyong
>>> ngadokumentasikeun kagiatan penting, anu boa iraha deui bakal aya acara siga
>>> kitu. tapi nya kitu tea, aya wae kagiatan kantor anu ngahalangan. Tapi dina
>>> sesi Abah Surya biantara,  kuring aya di tempat seminar. Ti A nepi ka Z,
>>> pedaran Abah Surya ku kuring direkam kumplit. Tina hasil dokumen eta, aya
>>> pipikiran hoyong ngondang sacara khusus Abah Surya di studio Broadcast
>>> Center FISIP UI, diwawancara teras direkam kana video, sapertos kapungkur
>>> ngawawancara (alm) mang Ayat.
>>>
>>> Impian kuring mah, kedah aya tim anu husus pikeun ngadokumenasikeun
>>> (video) para tokoh sunda, pikeun pieunteungeun keur generasi kahareup. Upama
>>> baheula aya Pangeran Wangsakerta anu ngumpulkeun sajarah dina tulisan, jaman
>>> ayeuna mah atuh kedah rada maju, teu ngan sakadar ngumpulkeun tulisan
>>> wungkul.
>>>
>>> baktos,
>>>
>>> mrachmatrawyani
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke