Ku ayana istilah "Seren Taun" nyaeta ganti taun heubeul ka taun anyar nu dikaitkeun jeung acara sukuran hasil panen sapanjang tahun nu geus kaliwat mangrupa warisan karuhun, jigana memang ti baheula karuhun sok ngayakeun acara pabaruan. Ngan tangtu lain dina raraga Taun Masehi atawa taun Hijriyah, komo taun baru Cina mah.
cag. Engkus --- Pada Jum, 31/12/10, mh <[email protected]> menulis: Dari: mh <[email protected]> Judul: [kisunda] Taun Baruan Jaman Karuhun? Kepada: "Ki Sunda" <[email protected]> Tanggal: Jumat, 31 Desember, 2010, 7:59 PM Baraya, ari karuhun sok aya acara mapag taun baru kitu? Cing sugan aya nu apal, jiga kumaha taun baruan jaman karuhun nya. Sainget uing, baheula kolot di lembur sok aya ngadongeng pabaru Cina. Cenah mun pabaru Cina sok kabeneran hujan wae. Sugan aya nu apal sokgeura ngadarongeng, bari nungguan hujan meteor, engke tengah peuting cenah.
