di sunda baheula, kabeh acara ritual 'fungsional' tara ceremonial, budaya
sanusantara.
ceremonial kabeh dieunakeun saanggeus aya budpar, menjual budaya
seren taun , ku hasil panen, make suryakala pananggalan keur tatanen/iklim
(candrakala mah keur kalender administrasi kapamarentahan)
tapi lain dina taun anyar, sabab aya wayah, tebar, tandur jeung panen.
geus ilahar kasebut usum katiga teh hartina halodo, eta ngaran bulan dina
suryakala
kasa, karo, katiga , kapat, kalima, kanem, kapitu, kawalu, kasanga, kadasa,
hapitlemah, hapitkayu
panen di baduy bulan kawalu(kadalapan)
jadi sabenerna pabaru sunda teh, baheula mah euweuh acarana
ngan kiwari we diacarakeun, saanggeus kalender dicitak tim kalasunda
timimiti taun 2005
dibaduy kusabab pananggalanna geus kolot pisan teu kasebut deui angka taunna
ngan ukur poe jeung bulan wungkul
dina kalasunda
aya dua itungan mangsa taun
kahiji nurutkeun prasasti sanghyang tapak, cibadak skbm, anu dipake kiwari
1947 cakasunda
kadua nurutkeun itungan ir. c,j snijder-astronom walanda nyatea geus leuwih
ti 17rewu taun , umur kalasunda teh
hn*R3M


2010/12/31 engkus ruswana <[email protected]>

>
>
> Ku ayana istilah "Seren Taun" nyaeta ganti taun heubeul ka taun anyar nu
> dikaitkeun jeung acara sukuran hasil panen sapanjang tahun nu geus kaliwat
> mangrupa warisan karuhun, jigana memang ti baheula karuhun sok ngayakeun
> acara pabaruan. Ngan tangtu lain dina raraga Taun Masehi atawa taun
> Hijriyah, komo taun baru Cina mah.
>
> cag.
> Engkus
>
> --- Pada *Jum, 31/12/10, mh <[email protected]>* menulis:
>
>
> Dari: mh <[email protected]>
> Judul: [kisunda] Taun Baruan Jaman Karuhun?
> Kepada: "Ki Sunda" <[email protected]>
> Tanggal: Jumat, 31 Desember, 2010, 7:59 PM
>
>
>
>
> Baraya, ari karuhun sok aya acara mapag taun baru kitu?
> Cing sugan aya nu apal, jiga kumaha taun baruan jaman karuhun nya.
>
> Sainget uing, baheula kolot di lembur sok aya ngadongeng pabaru Cina.
> Cenah mun pabaru Cina sok kabeneran hujan wae.
>
> Sugan aya nu apal sokgeura ngadarongeng, bari nungguan hujan meteor,
> engke tengah peuting cenah.
>
>
>  
>

Kirim email ke