---------- Forwarded message ---------- From: Avatar Kyoshi <[email protected]> Date: 2011/1/8 Subject: [Urang Sunda] Kodeu Buntut To:
Teu dilemburna teu dikotana nu ngodeu buntut sok aya bae, mun geus nyandu jalma bisa kaedanan… maksudna pek edan pek eling… keur edan ngodeu, komo deui keur eling, Edaasss!!! Perkara kodeu kodeuan, kuring boga pangalaman ngaheureuyan nu neangan kodeu buntut anu keur ngendongan tangkal cau batu anu karek borojol. Kieu kajadianana… Harita kacaturkeun aya dulur anu jauh ngahaja datang ka karawang, maksudna mah neangan gawe di karawang, ngan samemeh meunang gawe, manehna sok bunta bantu diimah kuring, sagala pakasaban sok di gawean ku manehna, ti mimiti ngarit keur domba, atawa ngaragaji jati golondongan supaya jadi balok atawa papan, salian ti eta sok milu ngabersihan daging atawa nyieun pitangkareun (Angeun tangkar keur dagang di pasar Johar). Ngan aya kabisaan kurang alus manehna nyaeta kacanduan masang kodeu buntut, gara garana mah iseng iseng nyobaan masang, teu disangka kodeu nu dipasangna meneran. lumayan gede, kira kira 20 rebuan, keur harita mah duit sakitu, bisa meuli tanah 20 tumbakeun. Geus meunang sakali sok deudeuieun, nya manehna masang deui kodeu buntut, kodeuna meunang ilamat atawa ngimpo heula, sangkan bisa nembus opat angka, tempat ngimpona aya anu mere beja ti supir supir beus anu dalahar di warung. Obrolanana nu katangkep ku kuring harita kawas kieu … Ceuk supir anu keur dahar ngalimed jeung sangu tangkar,cumarita ka kenekna, yen manehna kungsi meunang kodeu jetu, alatan meuting dina tangkal cau anu jantungna keur meujeuhna ngora. Ngadenge beja kitu, ku kang Jana, mamang kuring nu sok babanntu imah tea curinghak, terus tetelepek nanya. Kang jana: “ pa supir…! Naha leres lamun meutingan tangkal cau anu arek ngagebray jantungna… sok meunang kodeu? Supir: “sumuhun kang, kamari oge leres abdi kenging kodeu jetu, teu dibulak balik di mistik jeui, asli, langsung meunang, tah buktina kuring bisa mayaran gadean sawah tatangga…” Bari kusiwel ngaluarkeun kwetansi gadean sawah (harita mah tara aya anu ngabohong atawa nipu, teu siga jaman kiwari…) Tambah sumanget kang jana mairan eta sakadang supir… Kang Jana : “Kumaha carana kang… bisa mere kodeu jetu, tina tangkal cau teh?” nanyana semu sumanget naker… Supir : “Kieu carana kang…lamun aya tangkal cau batu anu kira kira peuting eta arek ngagebray jantungna bakal pijadieun cau, geuwat endongan, kira-kita tengah peuting terus purantengan,tah di dinya bakal aya anu datang rek marajian tangkal cau, supaya cauna jadi, biasana nu marajianana teh sabangsa mahluk halus, saperti setan, jin jeung kuntilanak…, ngan omat ulah borangan, sabisa bisa kudu dilawan eta mahluk teh, supaya bisa takluk ka urang…” supir ngabejaan daria naker. Kang Jana : “ Saterusna kumaha?” Supir : "Sanggeus kitu lawan tepi ka jogol jeung mangkeluk, sanggeus akang meunang tarung jeung eta mangkeluk, penta tah anu dipikahayang ku akang, nya lamun akang hayang kode buntut. Anu jetu… penta bae kahayang akang, pasti bakal mere eta mangkeluk teh…”… Sanggeus dicaritaan kitu, saminggu tiharita, kang jana manggih hiji tangkal cau anu keur meujeuhna arek ngagebray… Ti isuk keneh manehana geus tatan tatan rek meutingan tangkal cau. Baju pangsi Hideung geus disiapkeun, kitu deui kembang sataman, jeung parukuyan…oge geus siap. Gancangna carita, niat kang Jana geus ka ambeu ku kuring basa balik ti sakola, ngadenge beja kang jana rek ngalakukeun ritual eta, kuring boga niat mere palajaran sangkan kang jana teu kacanduan kodeu buntut, pangpangna mah dijauhkeun tina kamusrikan… Gura giru kuring neangan akal supaya bisa ngagagalkeun eta rencana, jeung supaya manehna kapok. Kaparengan aya ideu, pas ngaliwat ka tukangeun imah, manggih anjing nu sok kukulintingan di jalan, langsung we ku kuring di tewak terus ditalian, kana pager Tanggul Irigasi tukangeun imah. Kacaritakeun kira-kira jam satengah dua belasan, kang jana, geus saged, make pangsi hideung, areng dina parukuyan geus dibeuleum, cai sabaskom dipurulukan kembang sataman. Nepi kanu dituju, nayeta cau nu karek jantungan tea, “clat…” manehna naek ka tangkal cau make taraje, sanggeus aya diluhur manehna merenahkeun diri, bari molotot teu ngiceup ngiceup molototan jantung cau anu ngagebray… Geus katingali kang Jana aya diluhur, gura giru kuring nyokot anjing nu tadi ditalian dina pager, buntut jeung beuheungna ngahaja ditalian kaleng urut susu indomilek, terus di kencarkeun ka palebah tempat tapa kang jana… “korosssaaakkkkkk…” “trang… trang… treng… trong…” “brang… breng… brong…” “ Guk… guk… Guk…!” “kaing… kaing kaing…!!! sora kaleng tingkolentrang ngadeukeutan tempat tapa na, naaa… anjingna beuki lila beuki tarik lumpatna kapalebah tangkal cau bari kukurilingan ngudag ngudag kaleng, sieuneun jigana mah ku sora kaleng anu ting kalontrang. Ngadenge anu pating kolontrang dibarengan jeung sora anjing, kaing kaing… Soloyong …“Gedebuttt…!!!’ “Gubragggg”… kang jana ngabeubeutkeun maneh, tina tangkal cau bari lumpat sakaparan paran muru imah, bari hahehoh napasna ngahegak, bakating kusieun diudag anjing… brukkk…! Panto imah ditubruk…gedebug… nambru hareupeun panto teu inget bumi alam. Teu lila manehna sadar terus kuniang hudang, palahak polohok ngenca ngatuhu, kuring langsung muru manehna, pura pura reuwas meh teu curigaeun, pok ditanya. “Aya naon kang… ?" ceuk kuring bari nahan piseurieun. “Eta jang… akang keur meuting ti tangkal cau, naha bet aya jurig mangrupakeun anjing Hideung, datang terus ngagogog bae handapeun tangkal bari jeung sora kaleng tingkolontrang…” Nyaritana bari hariweusweus. “Naha Akang keur nanahaon atuh meuting dina tangkal cau…?” Ceuk kuring pura pura teu apal. “Akang keur neangan ingpo kodeu buntut, tapi pas nu datang mangkeluk nu kitu patut geuning, bakating ku sieun, akang lumpat saparan paran nyalametkeun diri…!” Kuring ngaleos, bus kamar barakatak seuri, teu kuat atuh da nahan piseurieun Saprak kajadian eta, kang jana tara masang buntut deui… insap sigana mah, ngan ari ngadahar sop buntut mah tambah ngageni da kabeukina. He… he… (qpy) Cag Ahh…
