---------- Forwarded message ---------- From: Avatar Kyoshi <[email protected]> Date: 2011/1/8 Subject: [Urang Sunda] Nyupiran Treuk... To:
Basa keur perei dina mawa beus, kuring biasana sok jadi supir tembak treuk mawa bawang ti Brebes… Harita, kuring hayang perei heula saminggu, rencana kuring arek jadi supir tembak treuk Fuso, anu mawa barang barang ti daerah jawa… Nah kaparengan barang anu dibawa ka Jawa ti Jakarta geus diturunkeun di daerah semarang, pas di gudang pasar induk semarang. Teu kacaritekun kaayana jalan jeung treuk anu ku kuring dibawa, da sapanjang jalan mah euweuh masalah nanaon. Sanggeus nurunkeun barang bawaan ti Jakarta, kuring muru balik ka karawang, bari sakalian nyimpang heula di daerah brebes, anu ngaliwatan kota bumi ayu tea. Geus nyampak harita tangkulak bawang di sisi jalan nungguan treuk anu mawa hasil tatanen manehanana. Reg… Treuk diereunkeun sisi jalan hareupeun tangkulakna, gancang dibuka bak treuk ku kernet dibantuan jeung tangkulak, kalacat kernet naek treuk bari nyanggap bawang anu ditaekkeun ku kuli panggul, sanggeus rengse pinuh nepi ka bak luhureun treuk, kernet ngabuka terpal keur nutupan Bawang, bisi kena ibun atawa kahujanan, da bakal buruk bawang na moal aya anu kajual. Geus rengse nalian terpal sina buni eta bawang, kalacat tangkulak naek dibarengan ku kernet, geuleuyeng. Treuk dipajukeun ka arah Jakarta, biurr… ngabiur nandangan hawa tiis kota bawang brebes tea… kusabab tiris harita kuring kapaksa make jaket, da teu kuat ku tiis tiisna hawa nepi ka nusuk tulang sumsum. Teu kacaritakeun perjalanan ti brebes ka karawang mah, kawantu hawa tiis jeung teu aya kendaraan lain anu matak pimaceteun mah, komo deui mangkeluk anu ngaranna pulisi mah, da euweuh pas jam sakitu mah. Keur ngahenen keneh… “kerrr… kerr… kerrr…” sora kernet jeung tangkulak, dibarung ku sora mesin anu ngagerung silih tempas, Ngadadak karasa “ceppp…” tiis tina punduk, aya angina ngahiliwir siga aya anu mepende. Atuh… kuring ngarasa reuwas, kusabab, euweuh nanahaon, geuning bisa tiis nyecep lir ibarat cai es… bulu kuduk muriding,tumpa tempo ka hareup, ka kenca jeung ka katuhu euweuh nanaon, ngadak ngadak jalan teh asa nyabang dua… Nah… Whalakadalahhh… ieu meureun anu disebut kasarad ku jalan nyabang tea… Rikat kuring nincak rem, ngadak ngadak rem anu sakitu geus dihadean, di serpis, jadi los … nahhhhh!!! Ieu Meureun akhir baring, kuring ngagebeg reuwas!! Beungeut pias pucet siga mayit, “teu antaparah deui kuring ngagorowok, maca Istighfar, “Astaghfirulloh Al adjim…!!!, terus dibarung ku maca ayat kursi jeung Kulhu Sungsang, sareng Ayat Nabi sulaeman, Pas eureun geus maca ayat nabi Sulaeman, treuk eureun sorangan siga aya anu nahan ti hareup ti tukang, Teu kungsi lila aya anu ngaliwat Mangkeluk na katempo na dina awakna loba mataan. Ceuk gerentes hate kuring, “Ieu yeuh anu ngaranna Mangkeluk Kamangmang teh…!” Eh… Eta mangkeluk malah nyampeurkeun kana treuk, di sisi kernet, tangkulak jeung kernet geus pucet beungeutna, jeung ngadegdeg, bari kiih dina calana, ceuk kuring ngomong lalaunan bari menta roko anu geus disundut, “ cikan kadieukeun roko anu geus disundut…” Tangkulak ngomong bari ngadegdeg,…”kkkkkkeeeuurrr nnaaaooonn… mmmmaaaakkkeee.. meeenntttaaaa rrrrookkkkooooooooo ssss ssssagalaaaaaa…” Tong ngomong gandeng, cikan geuwat kadieukeun roko na…” kuring rada saeutik nyentak, Roko geus diseundeut, ku kuring di isep heula bari batuk (da kuring mah tara pernah ngaroko… paling oge di roko…hwhwhwhwh……) Sanggeus diisep eta roko, korejat kuring mukakeun panto mobil, terus kahareupeun eta mobil bari nyampeurkeun mangkeluk kajajaden tea. Sanggeus deukeut ku kuring diberekeun eta roko ka mangkeluk, bari ngomong tegep…Yeuhh!!!, roko ti kawula, silaing ulah ganggu ka kami, da kami teu ganggu ka dia…, sok mangkat sing jauh, kami arek ngaliwat ieu jalan ulah ganggu deui…!” Ditampanan eta roko ku sakadang mangkeluk, sanggeus nampanan roko ti kuring blusssssshh, aya haseup Hideung campur bodas anu nyalimutan eta mangkeluk, “lesss…” Leungit eta mangkeluk duka kamana mangkatna. Bari gogodeg, kalacat kuring naek kana balik setir deui, geuleuyeung treuk dipajukeun deui ka arah Jakarta. Kernet jeung tangkulak kakarak bisa ngomong, deui, jeung teu lila aya warung sangu, di sisi jalan, kuring ngeureunkeun treuk bari ngomong ka kernet jeung tangkulak, “…Geuwat eta ganti calana bau cikiih…” Sabot maranehana mandi kuring ngaguher heula di dipan warung, bari dipepende ku wanoja anu gareulissss… camperenik, wedak kararandel siga anu rek nari topeng (ahh kajadian ieu mah ulah dicaritakeun bisi harayangeun…)
