---------- Forwarded message ---------- From: Avatar Kyoshi <[email protected]> Date: 2011/1/7 Subject: [Urang Sunda] Imam Taraweh To: Cc: Urang Sunda <[email protected]>, Gank Leboy < [email protected]>
Dina mangsa taraweh bulan ramadhan … kuring jeung babaturan kabagian jadi muadzin silih genti tiap poena, kuring kabagian poe ka tilu ramadhan. Harita Tajug keur meujeuhna pinuh, anu jadi Imam poe ka tilu nyaeta Ajengan Sopian. Ngan kabeneran manehna keur aya halangan, aya urusan di Jakarta, nya anu ngagantiana harita kang Maman, masih keneh dulur jeung kuring. Masih mamang ti Bapa… Adzan geus di gorowokkeun ku kuring, sanggeus adzan nya ngaranna di tajug kampung, sok dibacakeun pupujian, harita, anu pupujian na batur kuring ngaranna si Nanang, pas kabeneran babacaan anu dibacana kieu (kuring oge geus poho sabab geus lila tara maca pupujian…) anu sok kadenge ku kuring mah,” Man… Taroka solatan homsa… “ duka teuing terusanana, da kuring oge teu apal. Tapi pas keur dipujikeun ku babaturan mah, kunaon disalenggorkeun, kusabab kang maman teh sandiasma,a tawa panggilan nelah di kampung nyaeta “Maman Igor…” jadi pas keur pupujian lain dibacakeun “… Man Taroka…”, malah di tarikeun di sepeker, “… Gor…! Taroka solatan homsa…” Atuhh… kang maman aku keur tatan tatan arek ka tajug di imahna langsung luncat bari lumpat muru batur kuring diudag nepi ka sakaparan paran, ngan babaturan geus ngiles, teu embol embol deui di tajug, nyumput di imahna… kuring ngabelehem nempo kang maman ngambek teh. Sanggeus kajadian kang maman langsung jadi imam sholat Isya, diteruskeun ngaimaman Solat taraweh ngagantian Ajengan Sopian. Jamaah lalaki jeung Awewe dipisahkeun ku hordeng warna bodas make tambang ditarik ti sisi tajug ka sisi tajug sabelah kaler, ngabagi dua tajug hareup jeung tukang. Sanggeus maca niat taraweh bari ngagorowok , imam langsung ka mimbar ngamimitian solat taraweh. Rokaat ka rokaat dilakonan ku imam… Nah… Pas rokaat ka lima pas keur ruku, “Bereweeekkkkk!!!...” kadenge sora ngaberewek di pas bujur imam, pas ka pelong ku kuring geuningan kaen sarung Kang Maman gudawang, palebah bujurna, katempo ku kuring bobogaanana gubal gabel. Kabeh jamaah narempokeun, bari nahan piseurieun, kuring nutupan beungeut, nahan seuri oge, akhirna kojengkang Brukk… kang nana muru ka panto pangimbaran langsung muka panto, bius ka imahna, Untungna Jamaah awewe kahalangan ku hordeng… lamun heunteu mah pada sing parelong oge bari nutupan beungeut. Jamaah pada sing barakatak, akhirna rokaat ka opat batal, kuring kapaksa ngagantian jadi Imam. Ngan anu dibaca na surat anu pendek bae… bisi lila teuing jamaah solat Taraweh na. Sigana mah kang maman pas di pupujian anu disalenggorkeun ku babaturan teh, langsung nyokot sarung bari teu nempo heula, salah nyokot sarung anu geus arek soek, kawantu kang maman awakna lintuh bayuhyuh… Tah sakitu pangalaman paramitra. Engke dilanjut deui lamun teu poho…
