Saleresna permasalahanana sederhana. Jang David ngiring program mahasiswa anu disakolakeun ku Pemda Bengkulu. Sacara kalembagaan UI ngan berhubungan sareng pihak Pemda, heuteu perorangan. Jadi anu ngabayaran kuliah pihak Pemda. Tapi Ortu David "nyanyahoanan" duka ditipu ku oknum Pemda, siga mayar SPP ku sorangan.
Aya mahasiswa anu kenging tugas nyieun berita ku dosen anu ngasuh matakuliah Teknik Mencari dan Menulis Berita. Pikeun kenging nilai, nya manehna teh nulis rada ngabohong kaayaan si David anu sapoe ngan sakali dahar, ku sabab sangsara tea. UI dianggap teu malire kasusna David. Ditambahan deui ku Ade Armando anu heunteu "cek jeung ricek" kasus anu sabenerna ka sumber-sumber anu kompeten, saolah-olah kasusna David teh aya "kong kalikong" UI jeung Pemda Bengkulu. Ayeuna pihak UI nuju mereskeun perkara ieu ka Pemda Bengkulu.Mahasiswa anu ngadamel berita "rada bohong" oge ditalek. Ari Ade Armando mah jigana teu dinanaonkeun, juragan doktor hiji ieu, da memang jalmana boga pembawaan sok "ngaramekeun" hiji perkara. Sakitu heula doneng ti kuring. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Dudi Herlianto <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, January 12, 2011 11:51:56 AM Subject: Re: UI jeung Unpad Re: [kisunda] Daptar anggota anyar ka moderator mang yani, di milis jurnalisme mah, can lami ieu, kungsi rame ku masalah nu disanghareupan ku david wilkinson, mahasiswa s1 nu asup ui liwat jalur ksdi (kerjasama daerah dan industri). kumaha perkembanganna ayeuna? tos beres? roes? dudi 2011/1/11 MRachmat Rawyani <[email protected]> >Masih aya hiji dua dosen UI anu feodal. Biasana mah kalangan para "sepuh". >Ayeuna seuseurna dosen teh aranom, 40 taun tos janten profesor doktor. Jiwana >oge beda, jiga barudak ngora wae ilaharna. > >baktos, > >mrachmatrawyani >. ___
