o kitu? nuhun mang, jadi langkung euyeub inpo kuring kana masalah ieu. nu kabaca ku kuring mah, ti milis jurnalisme, ayana kacurigaan korupsi di pemda bengkulu, teras pihak ui henteu pati malire ka nasib dapit. nya saterasna mugya sing geura beres mang. karunya ka dapit-na.
2011/1/12 MRachmat Rawyani <[email protected]> > > > Saleresna permasalahanana sederhana. Jang David ngiring program mahasiswa > anu disakolakeun ku Pemda Bengkulu. Sacara kalembagaan UI ngan berhubungan > sareng pihak Pemda, heuteu perorangan. Jadi anu ngabayaran kuliah pihak > Pemda. Tapi Ortu David "nyanyahoanan" duka ditipu ku oknum Pemda, siga mayar > SPP ku sorangan. > > Aya mahasiswa anu kenging tugas nyieun berita ku dosen anu ngasuh > matakuliah Teknik Mencari dan Menulis Berita. Pikeun kenging nilai, nya > manehna teh nulis rada ngabohong kaayaan si David anu sapoe ngan sakali > dahar, ku sabab sangsara tea. UI dianggap teu malire kasusna David. > Ditambahan deui ku Ade Armando anu heunteu "cek jeung ricek" kasus anu > sabenerna ka sumber-sumber anu kompeten, saolah-olah kasusna David teh aya > "kong kalikong" UI jeung Pemda Bengkulu. > > Ayeuna pihak UI nuju mereskeun perkara ieu ka Pemda Bengkulu.Mahasiswa anu > ngadamel berita "rada bohong" oge ditalek. Ari Ade Armando mah jigana teu > dinanaonkeun, juragan doktor hiji ieu, da memang jalmana boga pembawaan sok > "ngaramekeun" hiji perkara. > Sakitu heula doneng ti kuring. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* Dudi Herlianto <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Wed, January 12, 2011 11:51:56 AM > *Subject:* Re: UI jeung Unpad Re: [kisunda] Daptar anggota anyar ka > moderator > > > > mang yani, di milis jurnalisme mah, can lami ieu, kungsi rame ku masalah nu > disanghareupan ku david wilkinson, mahasiswa s1 nu asup ui liwat jalur ksdi > (kerjasama daerah dan industri). kumaha perkembanganna ayeuna? tos beres? > roes? > > dudi > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
