sumuhun, nuju disusun programna.sakedap deui muncul. hn*R3M 2011/1/14 mh <[email protected]>
> > > Kang Oza, upama Kala Sunda hayang leuwih dikenal ku masyarakat awam, > jigana wae kudu dipublikasikeun di Internet nurutan kalender sejenna. > Ceuk uing mah rada hese mun dipublikasikeunan kudu mangrupa citakan wae > mah. > > Geura toong ieu, saha wae bisa nyedot di dieu: > > Kalender Masehi: http://www.calendarlabs.com/ > Kalendar Hijriah: http://www.islamicfinder.org/Hcal/index.php > Kalender Cina: http://www.herongyang.com/2011/ > > > 2011/1/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > > >> >> kg oman, >> geus jadi samacem 'katangtuan' yen pemasaran kalender jeung strategina >> metodana >> taya deui ti iwal mun ku pangawasa di tangtukeun. >> saha gregorian teh, saha julian teh, saha slt agung hanyokrokusumo teh. >> jadi mun kg oman jadi minimal gupernur, weh, bisa dijadikeun kalender >> jawabarat >> KOMO MUN JADI PRESIDEN. >> kiwari, kalasunda ngan saukur dianggap pa elmuan wungkul >> sok sanajan hanteu sa eutik anu make kalasunda teh kang. >> buktina krang kring ka uin anu rek mareulian teh. >> keur nyitak wungkul uin malah dipenta nyieun proposalna ku KadisBudpar kg >> Budiana >> di ucapkeun di acara internasional astronomi, sabuga.bandung. >> isukna dikirim proposal teh, 50 YUTA KEUR NYITAK SAREWU LAMBAR >> jawaban karak dikrim tujuh bulan kahareup. >> eusi jawaban ti ged sate-GUPERNUR kumaha? ngantilu baris, 'TEU AYA DANANA' >> hn*R3M >> >> >> >> >> 2011/1/9 oman abdurahman <[email protected]> >> >> >>> >>> Bang Oca, >>> >>> Lian ti pananya anu ku bah Oca dipasrahkeun ka para ahli sajarah pikeun >>> ngajawabna (sabab bah Ali alm mah ahli metematik & astronomi/kalender), >>> sakumaha pananya kahiji ti kang Maman di handap ieu, pasoalan sejenna teh >>> kumaha strategi ngamasyarakatkeun eta kalender Kala Sunda ciptaan atawa >>> hasil reinventing Bah Ali? >>> >>> Macaan argumentasi bah Oca mah lumayan, malah bisa jadi Kala Sunda teh >>> jadi kalender unggulan pikeun sadunya. Ngan, pikeun ngambah kadinya teh >>> tangtu lain perkara gampang. Lian ti masyarakat geus biasa pisan make >>> kalender Georgian (Masehi), oga di kalangan masyarakat Islam urang apan geus >>> biasa make kalender Hijriah atawa Mataram. Nepi ka aya babasan caang bulan >>> opat belas". Kumaha cikan strategi anu jitu pikeun ngamasyarakatkeun ieu >>> karya bah Ali alm? Kumaha respon Pamarentah Jabar? >>> >>> manar >>> >>> 2011/1/9 Maman <[email protected]> >>> >>> >>>> >>>> 1. Patarosan nu sanes Kang Raja, timana mimitina, naon awal musababna, >>>> peristiwa atawa kajadian naon pikeun netepkeun jeung nangtukeun tanggal 1 >>>> bulan 1 tahun 1 dina Kala Sunda. >>>> 2. "Thomas"... nami baptis ti kristen katolik, Djamaluddin nami >>>> Islam... >>>> (teu aya hubungan sareng agama dina soal netepkeun tanggal he.he.he., >>>> atanapi aya? ) >>>> >>>> >>>> [image: >>>> http://www.sekolahdinewzealand.com/images/kudagerak.gif]<http://www.sekolahdinewzealand.com/> >>>> >>>> >>>> >>>> --- On *Sun, 1/9/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]>*wrote: >>>> >>>> >>>> From: Roza R. Mintaredja <[email protected]> >>>> Subject: Re: [kisunda] Astronomi - Kala Sunda dina Toongan Astronomis? >>>> To: [email protected] >>>> Date: Sunday, January 9, 2011, 3:52 AM >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> baraya................................... >>>> tulisan/makalah kang Thomas ku uin ditanggapi sacara lisan dina seminar >>>> astronomi internasional( IOAA- International Olimpiad on Astronomi and >>>> Astrophysic) 19-28 agustus 2008. Anjeuna salaku pemakalah anu memang k uin >>>> di ulem dina acara kasebut. Tim KalaSunda dipasihan tempat kanggo ilubiung >>>> dina acara kasebut. Dipenta ku kang Taufik kepala Lab observatorium.Boscha. >>>> Lembang. >>>> Argumentasi/tanggapan terhadap makalah kang Thomas ti uin: >>>> >>>> 1. Kang Thomas henteu mempelajari kalender Hindu/India, di India aya kl >>>> 30 jenis kalender.(The Indian Calender, Robert Sewell , London-Schwan >>>> Sonnenschein & Co., Ltd.-1896). Ternyata nu mirip KalaSunda mung hiji, di >>>> Bengali. (Rupina tilas pangaruh jaman kakawasaan Sanjaya nuju di India >>>> salami kl saratus taun- Encyclopedia Brittannica) oge beda urutan bulan >>>> jeung teu make Pancawara. Mung Saptawara wungkul. Jaba kala India LuniSolar >>>> deuih! mirip kalender Bali. >>>> Padahal di Sunda (sa-jawa bali) geus ilahar make Panca jeung Saptawara, >>>> malah dina prasati Sanghyang Tapak (SriJayaBupathi-Raja Sunda-Cibadak >>>> Sukabumi-abad X) make Sadwara kumplit pisan!. Geus ilahar saJawaBali, make >>>> modul poe ti Ekawara- sapoe (luang), Dwiwara (Mengo-pepet), >>>> Triwara(Dora-Way-Jantara), Caturwara(Sri-Laba/hla-Jaya-Mandala), >>>> Pancawara(Manis-Paing-Pon-Wage-Kliwon) jst. tug dugi ka Dasawara. Jadi lain >>>> kalender India anu di adopsi ku kalender lokal, kitu sebutan para ahli >>>> sajarah Sunda kiwari. >>>> Eta *tanggapan ti para ahli sajarah salah,*(termasuk Nina Lubis) sabab >>>> teu ngarti metoda2/ sistem pananggalan, pasti teu ngarti sabab kalender >>>> berbasis astronomi jeung matematika, lain widangna. Tong sok nyanyahoanan >>>> milu komentar, asa pangheueuhna!. Harita Prasasti2 saNusantara make >>>> pananggalan KalaSunda, ilahar disebut Pawukon( Ir C.J Snijder). umurna >>>> leuwih ti 17000 taun. Hartina jauh samemeh pananggalan India anu karak 2000 >>>> taun SM.(Kala Surya Sidhanta). ThesisSundana Openheimer, jeung Teori >>>> Atlantisna Aryoso Santos ngarujuk kadinya. Oge ulah hilap, alm Bah Ali lain >>>> ahli sajarah, jadi ulah neumbleuhkeun tanggal mimiti KalaSunda kudu aya >>>> kajadian naon? Eta mah paluruh we ku ahli sajarah, eta bagian anjeun, ulah >>>> pacorok kokod. >>>> 2. Masalah metoda Kresna jeung Suklapaksa, jelas beda jeung metoda >>>> Ru'yah jeung Hisab anu ilahar dipikanyaho. Jadi kang Thomas henteu 'fair' >>>> lamun nuduh teu bisa dipake acuan ngitung tanggal hiji keur KalaSunda. >>>> Dianggap teu soheh bae? >>>> Hoyong terang, sabaraha kamungkinan alternatif nangtukeun hilal ceuk >>>> ahli astronomi( uin diondang ka Boscha dina seminar nangtukeun hilal.) >>>> leuwih ti duaratus! Jaba ngitung derajat hilalna Hiriah teu bisa >>>> dipertanggungjawabkeun. (pek tanya ka ahli hilal anu jujur objectip, jeung >>>> para astronom pananggalan), cenah bisa akurat lamun make teropong anu >>>> haregana ratusan milyar, di sababraha tempat.(kang Thomas teu ngiluan eta >>>> seminar, sabab ternyata * lain Astronom spesialis pananggalan)* >>>> 3. Sakali deui, ngaran poe Radite Soma Anggara (Saptawara) jsbna eta >>>> asli dipake saJawaBali tibabaheula samemeh aya Kala India. >>>> 4.Kunaon Kalasunda kiwari teu diparake/leungit? Ceuk saha? loba anu >>>> ngaku ka uin enya eta pananggalan Sunda anu dipake kolot maranehna >>>> baheula(nyumput buni dinu caang sabab sieun dicap musyrik), tiap taun >>>> mareulian wae.sajawa bali. malah biarawan klenteng oge mareulian da make >>>> eta. >>>> >>>> Baraya.............................. >>>> Sing inget KANA SAJARAH, bangsa pribumi kadatangan atawa kadeseh ku >>>> bangsa deungeun/pendatang para mukimin ti abad sabaraha? Paling ngora ti >>>> abad ka dua Cina, India abad ka opat, Arab abad kasapuluh. Portugis abad >>>> tiluwelas, Walanda abad genepwelas, Inggris abad ka limawelas. Jepang abad >>>> duapuluh. AMERIKA, AYEUNA Sakabeh marawa pananggalan nurutkeun budayana! >>>> Conto enteng we, pananggalan proklamasi make pananggalan Jepang lin? Jadi >>>> jelas, pananggalan ditarangtukeun ku pangawasa di eta wewengkon. Kahartos? >>>> Leungitna Kalasunda ditaksir ti abad ka duawelas. Jadi euweuh anu nyaho >>>> kolot kiwari oge. Dina seminar pananggalan Nusantara UGM tina opat welas >>>> pemakalah, sawelas pemakalah kabeh ngaguarna make hijriah! Lucuna para >>>> pemakalah anu sawelas bingung sorangan sabab ngaku aya/manggih pananggalan >>>> lokal, ngan teu kaguar, jadi nu aya we cnah! Kumaha tah??? >>>> 5. Ari dina KalaSunda kumaha nangtukeun tanggal hijina? Ku budak satepak >>>> oge geus bisa kajeueung, teu perlu polopesor, doktor, hajji akbar jsbna >>>> sabab saparo poek jeung saparo caang watesna eces, pasti garis lurus.! >>>> Bener >>>> henteu? >>>> Ieu masalah matematik, lain ritual. Maenya dalil matematik bisa make >>>> hukum mun bener pahalana dua, mun salah pahalana hiji? >>>> Jadi dina perhitungan Lunar/Hijriah unggal bulan pasti tanggal hijina >>>> atawa poena *paling saeutik aya dua, bner teu?* Ngan anu diributkeun di >>>> masalahkeunana dina poean lebaran wungkul. Lucuna saangeus poe eta alakur >>>> deui weh tanggal hijriah teh. >>>> Gara-gara tanggal hijina aya dua/geseh ngabalukarkeun masyarakat >>>> bingung, sabab poe mudikna jadi ngambang jsbna. Kacipta ieu masalah >>>> berlangsung salila sarewu limaratus taun! Aya Kyai anu togmol trus terang >>>> ngaku ka Bah Ali jeung uin basa medarkeun KalaSunda di Konperensi >>>> Internasional Budaya Sunda agt 2001, asa era jeung bingung mun nitenan kala >>>> hijriah dina masalah eta. >>>> Na metoda ieu anu dipuji jeung dianut k astronom level kang Thomas, ulah >>>> tuturut munding kuma ramena wae atuh. >>>> 6.Masalah pananggalan kiageng Hanyokrokusumo anu mimiti ngadeklarasikeun >>>> panggalan jawa,campur Hijriah dimimitian taun 1555 Caka/1633M lain >>>> dimimitian ku taun 01. geuning euweuh anu ngaramekeun? Ngarah kaciri kolot >>>> nya? Tah eta hebatna panguasa teh, jadi kabeh rahayatna tuturut munding we >>>> deuih da parentah raja tea atuh. Dina tabel kala Sunda bisa ka urut >>>> timimiti pananggalan Prasasti Sanghyang Tapak,(Sunda) kabuktian dirobahna >>>> Pancawara ku Jawa. geseh sapoe. Nuruuuuuut weh deuih. Kacipta sistim >>>> pananggalan Sunda anu beda metoda jeung pananggalan Hiriah di aduk ku Jawa. >>>> Caricing deuih tah kang Thomas dkk. >>>> 7. Taun ALIP,(ABOGE; ALIP-rebo- wage) Taun BE, Taun DAL, Taun WAU,Taun >>>> JIMawal jstna jlas ngaran taun pangaruh ARAB. >>>> 8. Taun KEBO, Taun MONYET, Taun HURANG, Taun KALABANG, Taun EMBE, Taun >>>> KEUYEUP, jlas, asli SUNDA PITUIN. >>>> 9.Arek ngadu akurat? Lamun kang Thomas nganggap enteng masalah akurat >>>> hartina *kang Thomas lain elmuwan sajati tina widang matematik. Uin >>>> moal daek debat. * >>>> Para astronom SEJEN pada ngaku akurasina KalaSunda. diantarana sobat uin >>>> di ITB, DR MOEDJIHARTO SPESIALIS PANANGGALAN SADUNYA. jeung kang DR TAUFIK >>>> ITB manten Kepala Laboratorium Astronomi Boscha di Lembang. >>>> Aranjeunna siap ngadampingi uin mun rek launching KALASUNDA KA UNESCO >>>> PBB. *KALASUNDA SIAP TARUNG JEUNG KALENDER NU AYA SADUNYA, NGADU >>>> SISTEM, NGADU AKURASI, NGADU KOLOT, NGADU KA ASLIANNANA . KALASUNDA, ASLI >>>> KALA PITUIN URANG SUNDA. TANPA PANGARUH INDIA, TANPA PANGARUH ARAB, JAWA, >>>> MASEHI, MAYA. jjsbna.....* >>>> SIAPPPPPPPP JEUNG TANGGUNG JAWABNA!!!(asal aya sponsor) >>>> CAG! >>>> hn*R3M >>>> >>>> >>>> > > >
