Alhamdulillah, tah geuning baraya, tos disiapkeun ku Kang Oza.

2011/1/16 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> sumuhun, nuju disusun programna.sakedap deui muncul.
> hn*R3M
>
> 2011/1/14 mh <[email protected]>
>
>
>>
>> Kang Oza, upama Kala Sunda hayang leuwih dikenal ku masyarakat awam,
>> jigana wae kudu dipublikasikeun di Internet nurutan kalender sejenna.
>> Ceuk uing mah rada hese mun dipublikasikeunan kudu mangrupa citakan wae
>> mah.
>>
>> Geura toong ieu, saha wae bisa nyedot di dieu:
>>
>> Kalender Masehi: http://www.calendarlabs.com/
>> Kalendar Hijriah: http://www.islamicfinder.org/Hcal/index.php
>> Kalender Cina: http://www.herongyang.com/2011/
>>
>>
>> 2011/1/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> kg oman,
>>> geus jadi samacem 'katangtuan' yen pemasaran kalender jeung strategina
>>> metodana
>>> taya deui ti iwal mun ku pangawasa di tangtukeun.
>>> saha gregorian teh, saha julian teh, saha slt agung hanyokrokusumo teh.
>>> jadi mun kg oman jadi minimal gupernur, weh, bisa dijadikeun kalender
>>> jawabarat
>>> KOMO MUN JADI PRESIDEN.
>>> kiwari, kalasunda ngan saukur dianggap pa elmuan wungkul
>>> sok sanajan hanteu sa eutik anu make kalasunda teh kang.
>>> buktina krang kring ka uin anu rek mareulian teh.
>>> keur nyitak wungkul uin malah dipenta nyieun proposalna ku KadisBudpar kg
>>> Budiana
>>> di ucapkeun di acara internasional astronomi, sabuga.bandung.
>>> isukna dikirim proposal teh, 50 YUTA KEUR NYITAK SAREWU LAMBAR
>>> jawaban karak dikrim tujuh bulan kahareup.
>>> eusi jawaban ti ged sate-GUPERNUR kumaha? ngantilu baris, 'TEU AYA
>>> DANANA'
>>> hn*R3M
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> 2011/1/9 oman abdurahman <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Bang Oca,
>>>>
>>>> Lian ti pananya anu ku bah Oca dipasrahkeun ka para ahli sajarah pikeun
>>>> ngajawabna (sabab bah Ali alm mah ahli metematik & astronomi/kalender),
>>>> sakumaha pananya kahiji ti kang Maman di handap ieu, pasoalan sejenna teh
>>>> kumaha strategi ngamasyarakatkeun eta kalender Kala Sunda ciptaan atawa
>>>> hasil reinventing Bah Ali?
>>>>
>>>> Macaan argumentasi bah Oca mah lumayan, malah bisa jadi Kala Sunda teh
>>>> jadi kalender unggulan pikeun sadunya. Ngan, pikeun ngambah kadinya teh
>>>> tangtu lain perkara gampang. Lian ti masyarakat geus biasa pisan make
>>>> kalender Georgian (Masehi), oga di kalangan masyarakat Islam urang apan 
>>>> geus
>>>> biasa make kalender Hijriah atawa Mataram. Nepi ka aya babasan caang bulan
>>>> opat belas". Kumaha cikan strategi anu jitu pikeun ngamasyarakatkeun ieu
>>>> karya bah Ali alm? Kumaha respon Pamarentah Jabar?
>>>>
>>>> manar
>>>>
>>>> 2011/1/9 Maman <[email protected]>
>>>>
>>>>
>>>>>
>>>>> 1. Patarosan nu sanes Kang Raja,  timana mimitina, naon awal musababna,
>>>>> peristiwa atawa kajadian naon pikeun netepkeun jeung nangtukeun tanggal 1
>>>>> bulan 1 tahun 1 dina Kala Sunda.
>>>>> 2. "Thomas"... nami baptis ti kristen katolik,   Djamaluddin nami
>>>>> Islam...
>>>>> (teu aya hubungan sareng agama dina soal netepkeun tanggal he.he.he.,
>>>>> atanapi aya?  )
>>>>>
>>>>>
>>>>> [image: 
>>>>> http://www.sekolahdinewzealand.com/images/kudagerak.gif]<http://www.sekolahdinewzealand.com/>
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> --- On *Sun, 1/9/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]>*wrote:
>>>>>
>>>>>
>>>>> From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>>>> Subject: Re: [kisunda] Astronomi - Kala Sunda dina Toongan Astronomis?
>>>>> To: [email protected]
>>>>> Date: Sunday, January 9, 2011, 3:52 AM
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> baraya...................................
>>>>> tulisan/makalah kang Thomas ku uin ditanggapi sacara lisan dina seminar
>>>>> astronomi internasional( IOAA- International Olimpiad on Astronomi and
>>>>> Astrophysic) 19-28 agustus 2008. Anjeuna salaku pemakalah anu memang k uin
>>>>> di ulem dina acara kasebut. Tim KalaSunda dipasihan tempat kanggo ilubiung
>>>>> dina acara kasebut. Dipenta ku kang Taufik kepala Lab 
>>>>> observatorium.Boscha.
>>>>> Lembang.
>>>>> Argumentasi/tanggapan terhadap makalah kang Thomas ti uin:
>>>>>
>>>>> 1. Kang Thomas henteu mempelajari kalender Hindu/India, di India aya kl
>>>>> 30 jenis  kalender.(The Indian Calender, Robert Sewell , London-Schwan
>>>>> Sonnenschein & Co., Ltd.-1896).  Ternyata nu mirip KalaSunda mung hiji, di
>>>>> Bengali. (Rupina tilas pangaruh jaman kakawasaan Sanjaya nuju di India
>>>>> salami kl saratus taun- Encyclopedia Brittannica) oge beda urutan bulan
>>>>> jeung teu make Pancawara. Mung Saptawara wungkul. Jaba kala India 
>>>>> LuniSolar
>>>>> deuih! mirip kalender Bali.
>>>>> Padahal di Sunda (sa-jawa bali) geus ilahar make Panca jeung Saptawara,
>>>>> malah dina prasati Sanghyang Tapak (SriJayaBupathi-Raja Sunda-Cibadak
>>>>> Sukabumi-abad X) make Sadwara kumplit pisan!. Geus ilahar saJawaBali, make
>>>>> modul poe ti Ekawara- sapoe (luang), Dwiwara (Mengo-pepet),
>>>>> Triwara(Dora-Way-Jantara), Caturwara(Sri-Laba/hla-Jaya-Mandala),
>>>>> Pancawara(Manis-Paing-Pon-Wage-Kliwon) jst. tug dugi ka Dasawara. Jadi 
>>>>> lain
>>>>> kalender India anu di adopsi ku kalender lokal, kitu sebutan para ahli
>>>>> sajarah Sunda kiwari.
>>>>> Eta *tanggapan ti para ahli sajarah salah,*(termasuk Nina Lubis) sabab
>>>>> teu ngarti metoda2/ sistem pananggalan, pasti teu ngarti sabab kalender
>>>>> berbasis astronomi jeung matematika, lain widangna. Tong sok nyanyahoanan
>>>>> milu komentar, asa pangheueuhna!. Harita Prasasti2 saNusantara make
>>>>> pananggalan KalaSunda, ilahar disebut Pawukon( Ir C.J Snijder). umurna
>>>>> leuwih ti 17000 taun. Hartina jauh samemeh pananggalan India anu karak 
>>>>> 2000
>>>>> taun SM.(Kala Surya Sidhanta). ThesisSundana Openheimer, jeung Teori
>>>>> Atlantisna Aryoso Santos ngarujuk kadinya. Oge ulah hilap, alm Bah Ali 
>>>>> lain
>>>>> ahli sajarah, jadi ulah neumbleuhkeun tanggal mimiti KalaSunda kudu aya
>>>>> kajadian naon? Eta mah paluruh we ku ahli sajarah, eta bagian anjeun, ulah
>>>>> pacorok kokod.
>>>>> 2. Masalah metoda Kresna jeung Suklapaksa, jelas beda jeung metoda
>>>>> Ru'yah jeung Hisab anu ilahar dipikanyaho. Jadi kang Thomas henteu 'fair'
>>>>> lamun nuduh teu bisa dipake acuan ngitung tanggal hiji keur KalaSunda.
>>>>> Dianggap teu soheh bae?
>>>>> Hoyong terang, sabaraha kamungkinan alternatif nangtukeun hilal ceuk
>>>>> ahli astronomi( uin diondang ka Boscha dina seminar nangtukeun hilal.)
>>>>> leuwih ti duaratus! Jaba ngitung derajat hilalna Hiriah teu bisa
>>>>> dipertanggungjawabkeun. (pek tanya ka ahli hilal anu jujur objectip, jeung
>>>>> para astronom pananggalan), cenah bisa akurat lamun make teropong anu
>>>>> haregana ratusan milyar, di sababraha tempat.(kang Thomas teu ngiluan eta
>>>>> seminar, sabab ternyata * lain Astronom spesialis pananggalan)*
>>>>> 3. Sakali deui, ngaran poe Radite Soma Anggara (Saptawara) jsbna eta
>>>>> asli dipake saJawaBali tibabaheula samemeh aya Kala India.
>>>>> 4.Kunaon Kalasunda kiwari teu diparake/leungit? Ceuk saha? loba anu
>>>>> ngaku ka uin enya eta pananggalan Sunda anu dipake kolot maranehna
>>>>> baheula(nyumput buni dinu caang sabab sieun dicap musyrik), tiap taun
>>>>> mareulian wae.sajawa bali. malah biarawan klenteng oge mareulian da make
>>>>> eta.
>>>>>
>>>>> Baraya..............................
>>>>> Sing inget KANA SAJARAH, bangsa pribumi kadatangan atawa kadeseh ku
>>>>> bangsa deungeun/pendatang para mukimin ti abad sabaraha? Paling ngora ti
>>>>> abad ka dua Cina, India abad ka opat, Arab abad kasapuluh. Portugis abad
>>>>> tiluwelas, Walanda abad genepwelas, Inggris abad ka limawelas. Jepang abad
>>>>> duapuluh. AMERIKA, AYEUNA Sakabeh marawa pananggalan nurutkeun budayana!
>>>>> Conto enteng we, pananggalan proklamasi make pananggalan Jepang lin? Jadi
>>>>> jelas, pananggalan ditarangtukeun ku pangawasa di eta wewengkon. Kahartos?
>>>>> Leungitna Kalasunda ditaksir ti abad ka duawelas. Jadi euweuh anu nyaho
>>>>> kolot kiwari oge. Dina seminar pananggalan Nusantara UGM tina opat welas
>>>>> pemakalah, sawelas pemakalah kabeh ngaguarna make hijriah! Lucuna para
>>>>> pemakalah anu sawelas bingung sorangan sabab ngaku aya/manggih pananggalan
>>>>> lokal, ngan teu kaguar, jadi nu aya we cnah! Kumaha tah???
>>>>> 5. Ari dina KalaSunda kumaha nangtukeun tanggal hijina? Ku budak
>>>>> satepak oge geus bisa kajeueung, teu perlu polopesor, doktor, hajji akbar
>>>>> jsbna sabab saparo poek jeung saparo caang watesna eces, pasti garis 
>>>>> lurus.!
>>>>> Bener henteu?
>>>>> Ieu masalah matematik, lain ritual. Maenya dalil matematik bisa make
>>>>> hukum mun bener pahalana dua, mun salah pahalana hiji?
>>>>> Jadi dina perhitungan Lunar/Hijriah unggal bulan pasti tanggal hijina
>>>>> atawa poena *paling saeutik aya dua, bner teu?* Ngan anu diributkeun
>>>>> di masalahkeunana dina poean lebaran wungkul. Lucuna saangeus poe eta 
>>>>> alakur
>>>>> deui weh tanggal hijriah teh.
>>>>> Gara-gara tanggal hijina aya dua/geseh ngabalukarkeun masyarakat
>>>>> bingung, sabab poe mudikna jadi ngambang jsbna. Kacipta ieu masalah
>>>>> berlangsung salila sarewu limaratus taun! Aya Kyai anu togmol trus terang
>>>>> ngaku ka Bah Ali jeung uin basa medarkeun KalaSunda di Konperensi
>>>>> Internasional Budaya Sunda agt 2001, asa era jeung bingung mun nitenan 
>>>>> kala
>>>>> hijriah dina masalah eta.
>>>>> Na metoda ieu anu dipuji jeung dianut k astronom level kang Thomas,
>>>>> ulah tuturut munding kuma ramena wae atuh.
>>>>> 6.Masalah pananggalan kiageng Hanyokrokusumo anu mimiti
>>>>> ngadeklarasikeun panggalan jawa,campur Hijriah dimimitian taun 1555
>>>>> Caka/1633M lain dimimitian ku taun 01. geuning euweuh anu ngaramekeun?
>>>>> Ngarah kaciri kolot nya? Tah eta hebatna panguasa teh, jadi kabeh 
>>>>> rahayatna
>>>>> tuturut munding we deuih da parentah raja tea atuh.  Dina tabel kala Sunda
>>>>> bisa ka urut timimiti pananggalan Prasasti Sanghyang Tapak,(Sunda) 
>>>>> kabuktian
>>>>> dirobahna Pancawara ku Jawa. geseh sapoe. Nuruuuuuut weh deuih. Kacipta
>>>>> sistim pananggalan Sunda anu beda metoda jeung pananggalan Hiriah di aduk 
>>>>> ku
>>>>> Jawa. Caricing deuih tah kang Thomas dkk.
>>>>> 7. Taun ALIP,(ABOGE;  ALIP-rebo- wage) Taun BE, Taun DAL, Taun WAU,Taun
>>>>> JIMawal jstna jlas ngaran taun pangaruh ARAB.
>>>>> 8. Taun KEBO, Taun MONYET, Taun HURANG, Taun KALABANG, Taun EMBE, Taun
>>>>> KEUYEUP, jlas, asli SUNDA PITUIN.
>>>>> 9.Arek ngadu akurat? Lamun kang Thomas nganggap enteng masalah akurat
>>>>> hartina *kang Thomas lain elmuwan sajati tina widang matematik. Uin
>>>>> moal daek debat.  *
>>>>> Para astronom SEJEN pada ngaku akurasina KalaSunda. diantarana sobat
>>>>> uin di ITB, DR MOEDJIHARTO SPESIALIS PANANGGALAN SADUNYA. jeung kang DR
>>>>> TAUFIK ITB manten Kepala Laboratorium Astronomi Boscha di Lembang.
>>>>> Aranjeunna siap ngadampingi uin mun rek launching KALASUNDA KA UNESCO
>>>>> PBB. *KALASUNDA SIAP TARUNG JEUNG KALENDER NU AYA SADUNYA, NGADU
>>>>> SISTEM, NGADU AKURASI, NGADU KOLOT, NGADU KA ASLIANNANA . KALASUNDA, ASLI
>>>>> KALA PITUIN URANG SUNDA. TANPA PANGARUH INDIA, TANPA PANGARUH ARAB, JAWA,
>>>>> MASEHI, MAYA. jjsbna.....*
>>>>> SIAPPPPPPPP JEUNG TANGGUNG JAWABNA!!!(asal aya sponsor)
>>>>> CAG!
>>>>> hn*R3M
>>>>>
>>>>>

Kirim email ke