Bah Oca,
ulah ngan ukur ngabibita hungkul atuh, kuring ngacay yeuh. (serius ieu
mah ngacay hayang he..he..he..)
KUmaha lamun copy-an bah oca dicopy deui. terus kirim ka kuring jeung
baraya sejen anu butuheun, via Tiki, waragad copy jeung kirimna ke
digarantian.
Nuhun sa acanna.
On 01/19/2011 10:59 PM, Roza R. Mintaredja wrote:
leres mangH,
ngaranna oge elmu, hartina teh bisa di ibaratkeun peso.
bisa dipake ngeureut, motong, oge bisa dipake maehan.
atawa komputer, bisa maling duit ku jalan mecahkeun password online bank.
jadi sakabeh elmu oge ngan mangrupa alat.
nah pangalaman uin waktu panggih jeung pa rw ( mun teu salh kang
tatang) di gn cakrabuana
anjeuna make eta elmu anu sarupa,
jadi bisa kanyahoan, mun aya kapalingan dina poe jeung jam tertentu,
pasti bisa kapanggih, kusabab indit kamana jeung dedeg pangadeg si
malingna dijelaskeun.
canggih nya, karuhun urang teh.
ngan saratna kudu sapoe reujeung kajadianana.
lamun heuleut sawatara poe, elmuna sejen deui, canggih nya?
uin meunang copyanana sa anggeus sawatara lila ngolona.
dina copyan aya oge katerangan ngeunaan wedalan manusa.
ti poe senen nk minggu.
unggal poe wedalan aya kode manuk/sato naon, wayangna naon, batarana naon
tangkalna naon, panyakit matuhna naon, jeung ubar panyakitna naon.
canggih nya?
ciga uin wedal poe rebo, panyakit matuhna dina beuteun, ubarna jahe
jeung hadespalasari.
nk ayeuna uin nginum eta MEH UNGGAL POE, CAGEUR! canggih nya?
tah eta resep anu karitu, anu bisa dibawa kahareup, keur ubar manusa.
kacipta para dokter bakalan ngurangan pasienna. heheeee
hn*R3M
_