Ieu mah rek ngadongeng lalakon uing, mun uing boga kahayang, kieu
algoritmana:
1. Teangan baraya nu ngampihan koleksi, boh buku atawa media sejena
2. Ngumaha sangkan pang-motokopi-keun, nanya sabaraha waragadna, kaasup
ongkos ngirimna
sakalian nalek rekening nu bisa dipake keur naurna
3. Transfer waragadna
4. Tungguan tukang pos
Alhamdulillah, eta algoritma teh sakti.
2011/1/20 Irpan Rispandi <[email protected]>
>
>
> Bah Oca,
> ulah ngan ukur ngabibita hungkul atuh, kuring ngacay yeuh. (serius ieu mah
> ngacay hayang he..he..he..)
> KUmaha lamun copy-an bah oca dicopy deui. terus kirim ka kuring jeung
> baraya sejen anu butuheun, via Tiki, waragad copy jeung kirimna ke
> digarantian.
>
> Nuhun sa acanna.
>
>
>
>
> On 01/19/2011 10:59 PM, Roza R. Mintaredja wrote:
>
>
>
> leres mangH,
> ngaranna oge elmu, hartina teh bisa di ibaratkeun peso.
> bisa dipake ngeureut, motong, oge bisa dipake maehan.
> atawa komputer, bisa maling duit ku jalan mecahkeun password online bank.
> jadi sakabeh elmu oge ngan mangrupa alat.
> nah pangalaman uin waktu panggih jeung pa rw ( mun teu salh kang tatang) di
> gn cakrabuana
> anjeuna make eta elmu anu sarupa,
> jadi bisa kanyahoan, mun aya kapalingan dina poe jeung jam tertentu,
> pasti bisa kapanggih, kusabab indit kamana jeung dedeg pangadeg si malingna
> dijelaskeun.
> canggih nya, karuhun urang teh.
> ngan saratna kudu sapoe reujeung kajadianana.
> lamun heuleut sawatara poe, elmuna sejen deui, canggih nya?
> uin meunang copyanana sa anggeus sawatara lila ngolona.
> dina copyan aya oge katerangan ngeunaan wedalan manusa.
> ti poe senen nk minggu.
> unggal poe wedalan aya kode manuk/sato naon, wayangna naon, batarana naon
> tangkalna naon, panyakit matuhna naon, jeung ubar panyakitna naon. canggih
> nya?
> ciga uin wedal poe rebo, panyakit matuhna dina beuteun, ubarna jahe jeung
> hadespalasari.
> nk ayeuna uin nginum eta MEH UNGGAL POE, CAGEUR! canggih nya?
> tah eta resep anu karitu, anu bisa dibawa kahareup, keur ubar manusa.
> kacipta para dokter bakalan ngurangan pasienna. heheeee
> hn*R3M
>
>