Kedah ngiringan kuliah di fak Sospol Siluman. Atanapi lebet ka Universitah Hogwarth di Inggris.
--- On Thu, 1/20/11, Irpan Rispandi <[email protected]> wrote: Kuring mah sok hayang nanya kahirupan sosial siluman :) misalna, naha siluman sok digambarkeun kahirupan sosialna aya di jaman karajaan-karajaan. Lain siluman umurna panjang, jadi kemungkinan maranehna geus hirup ti jaman 10.000 tahun katukang atawa jaman manusia gua, naha maranehna teu make baju kulit bari mawa gegendir. he..he..he.. eta cenah siluman oge berkembang. naha jaman ayeuna siluman masih keneh kerajaan sistemna. Sugan kitu siluman jaman ayeuna mah geus make internet (internet di alam siluman he..he.he..). terus pikeun milih pamingpin, diayakeun pemilu, teu make sistem raja. Terus deui naha siluman bet make asosiasi sato, siluman monyet, siluman bagong, siluman oray. Naha sakabeh sato aya versi silumanna. Lamun sakabeh sato aya versi silumanna, berarti aya siluman paus jeung gajah oge aya meureun nya. beh dituna, kusabab siluman umurna panjang, berarti siluman ti jaman Jurassic oge aya, saperti siluman T-Rex, Siluman brontosaurus, jsb. Cikan anu nyaho sisilumanan, bejaan kuring yeuh. Juragan halimunan kumaha, sugan aya beja ti jin anu di anut ku juragan halimunan. kumaha cenah alam kahirupan siluman teh. aya teu siluman T-Rex he..he..he.. On 12/19/2010 11:37 PM, mh wrote:
