mang h,
aya carita/legenda? kieu,....ti mimiti jaman salaka nagara, bangsa sunda mun
balanja mayar make duit perak, tapi mun ngajual barang/ekspor  maranehna nu
meuli  kudu mayar make duit emas. numatak puser dayehna oge disebut rajata
pura, mun ceuk basa luar agyre atawa kota PERAK. Paingan nepi ka kiwari urg
sunda nyebut ka satuan duit teh, saperak, dua perak jstna. da ari rupiah mah
asal ti india rupee. haaar jadi teu nyambung jeung judul???


2011/1/22 mh <[email protected]>

>
>
> Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika,
> ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen
> memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?
>
> Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na
> koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah
> biasa deui wae.
>
> Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias
> angka.
>
> Urang mimitian.
>
> Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan,
> salapan, sapuluh,
> Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas
> Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh
> Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus
>
> Istilah husus
> sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ...,
> salapan-likur
>
> Aya istilah husus lain teu nya?
>
> 2011/1/18 mh <[email protected]>
>
>> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan
>> geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait.
>> Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning.
>> Boa-boa aya pakaitna jeung watek
>> urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu
>> ditoong leuwih teleb deui.
>>
>> Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika,
>> naon wae nya?
>>
>> Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor.
>>
>> hiji,
>> dua,
>> tilu,
>> opat,
>> lima
>> genep,
>> tujuh,
>> dalapan,
>> salapan,
>> sapuluh,
>> ....
>> jst
>>
>> Cing baraya, lengkepan daftarna
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke