Wah mang, ulah ditambahan ….. (titik-titik) bilih lepat hartos kana nu milari 
kosakata tur istilah dina bahasa sunda.

Nambihan sakeudik akh….nu mang MH J.

 

Thanks.
Sulkan, M
MTI-Engineering. Dept, X-9394

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of mh
Sent: Saturday, January 22, 2011 10:42 AM
To: Ki Sunda
Subject: [kisunda] Bilangan ==> Re: Basa Sunda jeung Matematika?

 

  

Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika, ngan 
duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen memang 
urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?

Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na koran, 
nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah biasa deui 
wae. 

Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias angka.

Urang mimitian.

Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan, salapan, 
sapuluh,
Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, opat-belas, lima-belas, genep-belas, 
tujuh-belas, dalapan-belas, salapan-belas
Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, opat-puluh, lima-puluh, genep-puluh, 
tujuh-puluh, dalapan-puluh, salapan-puluh    
Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, opat-ratus, lima-ratus, genep-ratus, 
tujuh-ratus, dalapan-ratus, salapan-ratus

Rebuan: sa-rebu, dua-rebu, tilu-rebu, opat-rebu, genep-rebu, tujuh-rebu, 
dalapan-rebu, salapan-rebu

Ratusrebu: Sa-ratus-rebu, dua-ratus-rebu, tilu-ratus-rebu, opat-ratus-rebu, 
lima-ratus-rebu, genep-ratus-rebu, tujuh-ratus-rebu, dalapan-ratus-rebu, 
Salapan-ratus-rebu, 

Juta: Sa-juta, dua-juta, tilu-juta, opat-juta, lima-juta, genep-juta, 
tujuh-juta, dalapan-juta, salapan-juta

Istilah husus
sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe),genep-likur, 
tujuh-likur, dalapan-likur, salapan-likur



Sa-bata, sa-kotak, sa-tumbak, sa-leuwi, sa-serang, ....

 

Aya istilah husus lain teu nya?

2011/1/18 mh <[email protected]>

Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan geuning 
cukup euyeub kosakecap nu pakait.
Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning. 
Boa-boa aya pakaitna jeung watek 
urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu 
ditoong leuwih teleb deui.

Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika, naon 
wae nya?

Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor.

hiji,
dua,
tilu,
opat,
lima
genep,
tujuh,
dalapan,
salapan,
sapuluh,
....
jst

Cing baraya, lengkepan daftarna
 

 



Kirim email ke