From: Mohammad zen
ngiringan ...tos lami ngaghoib hehe...
Ceuk kuring ieu mah :
1. Obama mah sami wae leuwih parah ti jalmi anu teu narima pendapat batur,
buktinya, ku keukeuhna, ngadukung israel ngajajah palestina, ku keuekeuhna
ngajajah batur , teu narima saeutikpun soara ti umat manusa, hehe lain manusa
meureun???
===========================
Tunisia, Mesir... terus meureun ka Arab Saudi rada paranas, ceuk kabar dina
berita.
Nagara nu kandel kahirupan sosial politikna ku 'warna' Islam. Ribut parebut
kakuasaan.
Aya deui nagara Israel (turunan bani Israel kitu?), dilingkup ku Nagara-2
'Islam', manehna embung(?)
asup ka kelompok TIMTENG, padahal padeukeut pisan geograpisna, bangsana
ngasupkeun maneh ka nagara Eropa.
Ceuk uing mah Bani Israel teh baheulana 'arab-arab' keneh nya, buktina pan dina
Piagam Madinah teh mangrupakeun musyawaroh Nabi Muhammad sareng kaum-kaum
(keluarga/bani) Yahudi.
Naha ayeuna di Madinah eweuh pisan tapak tapakna acan tah Bani Yahudi teh, da
saheunteuna kuduna mah aya.
Aya deui Nagara Turki (Turunan Kidul?) rada kaharti asup Eropa da rada jauh,
meleg-meleg misahkeun 'urusan agama' jeung urusan nagara alias sekuler tea.
Pedah kitu dikurilingan ku Nagara-2 'Islam' eta Israel teh dibela pisan
toh-tohan ku (pamarentah) Amerika,
anu di pimpin ku Om Bama. Salah pisan lamun aya nu nyebut Obama mah, lain
manusa, jalmi anu teu narima pendapat batur. Sistem sora mayoritas, anu jadi
dasar ditarima atanapi teu ditarima hiji pendapat, arek pendapat ti batur
atanapi ti deungeun, nu loba sorana eta anu 'bener'.
Di nagara TIMTENG mah, sigana teu make sistem mayoritas sigana leuwih loba ka
sistem karajaan, karisma atanapi katurunan, anti sekuler. Bisa jadi ku pangaruh
teknologi informasi, internet, facebook, twitter sora-sora anu tadina teu
kadenge jeung didenge marucunghul kusabab boga pikeun nyalurkeuneun. Biasana
'sora' teh diwakilkeun, umpamana ku DPR. Ngan nya kitu, DPR teh osok poho yen
manehna wawakil tinu jadi rakyat,
rakyat ngan dipake titincakan wungkul pikeun meunang kakawasaan, kongkalikong
jeun pamarentah anu eukeur
ngawasa.
Heup ah.
Baktos
Pembela Obama.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/